Wewengkon Cianjur dina Naskah Buhun

ku: Ilham Nurwansah

Dina naskah-naskah Sunda kuna teu kacaturkeun ayana wewengkon anu ngaranna Cianjur ngan sahenteuna aya sababaraha patempatan di wewengkon Cianjur harita anu kiwari masih bisa dipikawanoh, diantarana Gunung Agung (Gunung Gedé), Citarum,Cisokan, jeung Ciranjang

Iwal ti patempatan kasebut, ogé aya hiji ruruntuk wangunan buhun di wewengkon kacamatan Agrabinta anu dianggap minangka rurutuk hiji karajaan buhun. Ngeunaan hal ieu, dina naskah Pangéran Wangsakerta disebutkeun hiji wewengkon di lebah kidul karajaan Salakanagara Tanjung Kidul anu dayeuhna di Agrabintapura. Éta wewengkon téh dipingping ku salahsahiji adi Déwawarman, Raja Salakanagara, nayéta Swita Liman Sakti. Agrabinta ogé disebutkeun dina naskah Pangéran Wangsakerta minangka salah sahiji tina 44 wewengkon kakawasaan karajaan Tarumanagara nalika dipingpin ku Raja Wisnuwarman.
Dalah ceuk saurang ahli arkéologi jeung kasajarahan Sunda buhun mah di Cianjur téh aya hiji situs nu mangrupa pangreureuhan pamungkas tokoh Bujangga Manik dina hirupna, nyaéta di patempatan anu kiwari katelah situs Gunung Padang di wewengkon pakidulan Cianjur.

Sanajan kitu, ari situs Gunung Padang ceuk hasil panalungtikan sababaraha ahli arkéologi jeung géologi mah geus nyampak ti saméméh jaman Hindu-Budha, atawa kira-kira puluhan rébu taun ka tukang dina jaman mégalitikum. Ieu hal téh ngandung harti yén mangrébu-rébu taun ka tukang di wewengkon anu kiwari disebut Cianjur téh geus aya kahirupan manusa kalawan boga pangaweruh luhur anu geus bisa nyieun wangunan sakitu agréngna, nu numutkeun hasil ngabanding-banding jeung situs sarupa di Asia Tenggara mah, ieu situs téh mangrupa situs mégalitikum panggedéna.<br>

Upama ditilik tina tapel wates wewengkon Cianjur kiwari lebah wétan nyaéta walungan Citarum, numutkeun katerangan nu kacatet dina Naskah Pangéran Wangsakerta Cianjur kungsi aya dina kakawasaan sababaraha karajaan Sunda-Hindu, diantarana karajaan Salakanagara, karajaan Tarumanagara, karajaan Sunda jeung karajaan Pajajaran. Ieu hal téh diwuwuhan ku bukti ayana sababaraha situs anu aya arcaan atawa ciri lian anu nandakeun kapercayaan Hindu-Budha harita di sababaraha pasir nu sumebar di wewengkon Cianjur kayaning situs Pasir Gada, situs Pasir Pogor, situs Gunung Putri, situs Kampung Kuta jrrd.

Referensi

  • J. Noorduyn & A. Teeuw. 2009. Tiga Pesona Sunda Kuna. ISBN 9789794193563. Jakarta:PT Dunia Pustaka Jaya
  • Atja. 1968. Tjarita Parahijangan. Bandung: Yayasan Kebudayaan Nusalarang
  • Wangsakerta, P. (1679-1682). Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara, Parwa II Sarga 2 dan Sarga 4, Parwa III Sarga 1,2, dan 3. Bogor: Transliterasi Saleh Danasasmita
  • Yoseph Iskandar. 2001. Sejarah Jawa Barat (Yuganing Rajakawasa). Bandung:CV Geger Sunten
  • Agus Aris Munandar.2007.Bangunan Suci Pada Masa Kerajan Sunda, Tinjauan Terhadap Kerangka Analisis.prosiding dina Seminar Sejarah dan Kebudayaan Sunda Kuna, Kampung Budaya Sindangbarang, Bogor
  • Budi Brahmantyo.Keagungan Situs Megalitik Gunung Padang. Pikiran Rakyat, Jumat, 20 Januari 2006
  • Haris Sukéndar.-. Peninggalan situs megalitikum di kabupaten Cianjur. Jakarta:Puslit Arkenas

Tinggalkan Komentar

Ikuti dan bagikan:
0

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Kairaga.com © 2017
Twitter Auto Publish Powered By : XYZScripts.com