Nyukcruk Citarum, tina Prasasti jeung Naskah Buhun

Unggal meuntas ka hiji sasak panjang antara Bandung-Cianjur, sok ras inget ka jaman karajaan baheula nya karajaan Sunda jeung Galuh. Pangna kitu téh alatan waas ka hiji walungan nu jadi saksi kajayaan dua karajaan badag nu kungsi ngawasa di tatar Sunda. Leuwih jauh ngambah alam ka tukang, Citarum nyaksian jayana Tarumanagara. Citarum, saha nu teu wanoh ka ieu walungan? Panjangnan 269 km, mangrupa walungan pangpanjangna di Jawa Barat. Numutkeun para ahli mah Citarum téh geus aya ti jaman purba, hartina leuwih heubeul ti saacan jlug-jlegna karajaan-karajaan di Sunda. Dina kamekaran sajarah, walungan Citarum jadi sumber vital pikeun rupa-rupa kapentingan jeung kaperluan.

sasak Rajamandala (tapel wates Cianjur-Bandung)

sasak Rajamandala (tapel wates Cianjur-Bandung)



walungan Citarum
citarum2

[googlemaps http://maps.google.com/maps?f=q&source=s_q&hl=en&q=Citarum+River,+Indonesia&ie=UTF8&cd=2&geocode=Fccfof8dDL5kBg&split=0&sll=37.0625,-95.677068&sspn=23.875,57.630033&ll=-6.206602,107.269735&spn=0.01828,0.027595&t=h&z=14&output=embed&w=480&h=370]
fakta kiwari :

———————————
Tarumanagara
Sawatara ahli sajarah ngira-ngira yén ngaran karajaan Tarumanagara aya hubunganana jeung walungan Citarum. Alatanana, saupama diwicik jeung dirucat tina pikecapeun citarum tangtu aya hubunganana utamana jeung kecap tarum (tutuwuhan:kembang tarum). Citarum (Ci: Cai jeung Tarum), Tarumanagara (Tarum[a] jeung Nagara). Kecap tarum kaunggel dina sababaraha prasasti (karajaan Tarumanagara), di antarana:

Prasasti Ciaruteun :
vikrantasyavanipateh
çrimatah purnavarmmanah
tarumanagarendrasya
vishnoriva padadavayam
(Iskandar. 2008:49)
————
Ieu dua tapak suku nu lir suku Déwa Wisnu,
nya éta suku nu mulya Sang Purnawarman,
raja Tarumanagara,
gagah perkasa di sajagat (Sudaryat. 1996:14).

Prasasti Pasir Jambu :
çriman data krtajnyo narapatir asamo yah pura tarumayan namma çri purnavarmma praçuraripuçarabedyavikhyatavarmmo
– tasyedam padavimbadvayam arinagarotsadane nityadaksham bhaktanam yandripanam bhavati sukhakaram çalyabutham ripunam
(Iskandar. 2008:51).
————
– ieu gambar (tapak) dua suku téh nu bogana nu kamashur tur satia dina tugasna nya éta raja pilih tanding ti Taruma anu jenengan Sri Purnawarman anu anggoannana teu teurak ku tumbak musuh
– anu salawasna ngancurkeun kuta (bénténg) musuh, nu resep ngabagi-bagi kadaharan jeung inuman ngareunah ka abdi-abdina nu satia (Sudaryat. 1996:14).

Citarum (wahanganna; tacan kapaluruh pernahna) disebut minangka tempat dikurebkeunna Sri Maharaja Purnawarman taun 434 M, sabab aya katerangan tina naskah Wangsakerta (Iskandar. 2008:69) yén Sri Maharaja Purnawarman ditelah Sang Lemah ing Tarumanandi (Hardjasaputra. 2007).

Tapel Wates Sunda-Galuh
Disebutkeun dina tungtutan Wretikandayun (raja Kendan) ka Tarusbawa (nu neruskeun tahta Tarumanagara) kira-kira taun 669/670 M (Iskandar. 2008:109-110) anu unina kieu :
“Ti mimiti ayeuna, urang saréréa nu aya di lebah wétaneun Citarum, mo taluk kana kakawasaan Tarumanagara. Jadi, teu ngaku Salira (pakanira) minangka ratu, najan kitu patalimarga antara urang teu kudu pegat, ogé mugia bisa leuwih raket. Alatan kitu, wewengkon-wewengkon sakuloneun Citarum tetep aya dina kakawasaan pamaréntahan salira, tapi wewengkon-wewengkon nu aya di wetaneun Citarum jadi kakawasaan kami, tur ti mimiti ayeuna kami moal rék masrahkeun upeti ka salira. Ogé deui, ulah rék ngarurug kami ku angkatan perang salira ka karajaan kami, Galuh Pakuan, sabab baris cumah. Angkatan perang karajaan Galuh kira-kira tilu tikeleun angkatan perang salira oge sanjatana nu lengkep. Lian ti éta, réa karajaan di Jawa Tengah nu akur jeung kami sarta sanggup mantuan kalengkepan alat pikeun angkatan perang kami. Hal ieu muga salira ma’lum. Pikeun mangsa nu baris kasorang, urang duduluran turta pada-pada miharep kasajahtraan nagara urang tur kacukupan kahirupan rahayat urang sarta babarengan nyinglarkeun malapetaka. Mugia Nu Maha Kawasa nyirnakeun sing saha nu watekna lalim jeung culas sarta teu mikawanoh rasa kamanusaan (karunya ning cita ring samaya)”

tapelwates Sunda-Galuh

tapelwates Sunda-Galuh

Ti harita, Citarum dijadikeun tapel wates kakawasaan Sunda (gaganti ngaran tina Tarumanagara) jeung Galuh (mekarna tina karajaan Kendan).

Citarum dina Naskah Bujangga Manik
(ditulis ahir taun 1400-an atawa awal taun 1500-an)

Dina ieu naskah di antarana dijelaskeun nalika anjeunna mulang ti lalampahan ka wewengkon Jawa (bagian tengah jeung wétan), Bujangga Manik dumuk di hiji patempatan pikeun milampah mujasmedi. Anjeunna nyicingan éta patempatan sawatara waktu, satuluyna nyieun arca jeung lingga (Noorduyn & Teeuw. 2009:309), (Munandar. -).

1280
“sacu[n]duk ka gunung se[m]bung
éta hulu citarum
di inya aing ditapa
sa[m]bian ngeureunan palay
tehering puja nyanggraha

1285
puja [nya]pu mugu-mugu
tehering na[n]jeurkeun li[ng]ga
tehering nyian hareca
teher nyian sakakala
ini tu[n]jukeun sakalih”

————-
Pihartieunna kira-kira kieu :
”nalika nepi di Gunung Sembung, sungapan Citarum, anjeunna tuluy tatapa turta ngaleupaskeun sagala karepna. Anjeunna milampah tapabrata mujasmedi kalawan sumerah diri, nanjeurkeun lingga, nyieun arca jeung wangunan suci, pikeun bukti ka balaréa”

Carita Parahyangan
(dijieun kira ahir abad ka-16)

Kecap Tarum dina Carita Parahyangan disebut minangka hiji wewengkon atawa nunjukeun wewengkon (Atja. 1968).

Dah Rahiyang Sanjaya: “Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung bapangku, Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing ayeuna. Ajeuna nu tangkarah: “Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang Isora di wétan paralor Paraga deung Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas Tohaan di Sunda. “Dah sedeng pulang Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile panteg hanca dibwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah.
——–
Hartina :
Carék Rahiang Sanjaya: “Na naon nu jadi karémpan téh? Ayeuna aing hayang runtut raut. Aing jeung bapa, Rahiang Kuku, Sang Seuweukarma. Ayeuna aing moal ngalawan. Ayeuna urang tetepkeun: tanah bagaian Dangiang Guru di tengah, bagian Rangiang Isora ti Wétan; jauhna nepi ka kaléreun Paraga jeung Cilotiran, ti Kulon Tarum, ka Kulon bagian Tohaan di Sunda. “Sanggeus Rahiangtang Kuku mulang ka Arile, sadatangna ka Arile, putus hancana di
dunya, hilang dina umur nu kacida kolotna.

Tinggalkan Komentar

Ikuti dan bagikan:
0

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Kairaga.com © 2017
Twitter Auto Publish Powered By : XYZScripts.com