Kampung Kuta, Ciranjang: prototype kampung Sunda buhun di Cianjur.

Ku Ilham Nurwansah

[googlemaps http://maps.google.com/maps/ms?ie=UTF8&hl=en&msa=0&msid=104520299431358316797.00047f9e2811ff496701c&ll=-6.804377,107.248085&spn=0,0&t=h&output=embed&w=425&h=350]

Poe Minggu (14/02) isuk-isuk keneh geus singkil manaskeun motorMio. Tatahar rék ngajugjug hiji tempat anu matak pipanasaraneun. Alatan kitu téh sabab kungsi maca tulisan Agus Aris Munandar nu nétélakeun yén dina hasil panalugntikan Haris Sukendar ngeunaan banda titilar karuhun dina rupa wangunan salah sahijina aya di Ciranjang. Perenahna di kampung Kuta, Désa Ciranjang, Kacamatan Ciranjang-Cianjur.

Saméméhna kuring can kungsi ngajugjug éta patempatan, ngan saukur ngamodal apal tina tulisan jeung bati tatanya ti nu jadi indung (pun Mamah:urang Ciranjang). Ari Ciranjangna mah apal, ngan teu apal lebah Kampung Kutana, barang nepi di Ciranjang nya tatanya wé ka sababaraha urang di mana perenahna Kampung Kuta. Ti sisi jalan raya Ciranjang, peuntaseun Mapolsék Ciranjang pisan aya jalan terusan ka Kampung Kuta.

Sabada dicukcruk, tuluy dituduhkeun ka jero, ungggal nanyakeun, unggal dituduhkeun beuki jero. Manahoréng Kampung Kuta téh perenahna lebah tungtung pisan, kawatesan ku dua walungan badag nu ngahiji (ngamuhara) nya éta walungan Cisokan jeung Ciranjang (jangkung lamping walunganana rata-rata 40-60 meteran!). Tina bati tatanya ahirna bisa ogé nepi ka kampung nu disebut-sebut ku para ahli arkeologi téh.

Kabeneran barang liwat ka pos ronda aya bapa-bapa keur niis sorangan, Mang Tata ngakuna mah, asli warga kampung kuta. Tuluy wéh diajakan ngawangkong ngeunaan éta kampung.

Aya sababaraha hal ngeunaaan Kampung Kuta tina kateranganana:
1. Ngaran Kampung Kuta,
– ti basa anjeunna keur leutik gé éta kampung téh ngaranna geus Kampung Kuta.
– Harti Kampung Kuta sorangan aya dua perkiraan 1; kampung anu jadi puseur (kuta/kota) 2; kampung nu jadi kuta (pibakaleun kota)
umpama ditingal tina harti dina kamus Danadibrata mah tétéla ‘kuta’ téh hartia ‘bénténg’
2. Tradisi,
– nepika ahir taun ‘75-an masih kénéh aya ritual saméméh dibuat maké alat jeung bahan kayaning hanjuang, rurujakan, dawegan hejo jsb. Jeung deuih ngala paréna maké étém.
3. Banda Titinggal Budaya
bénténg tanah: mangrupa tujuh gundukan taneuh nu muncugug manjang kalawan ukuran pangleutikna; jangkung 0,5 meter rubak 1 m nepi ka panggedena (meh siga pasir) jangkung 10 m rubak 15 m. disebut bénténg téh alatan sabada digali, manahoreng kandungan bahanna (taneuh) lain taneuh alami, tapi taneuh campuran kayaning kikisik(keusik), leutak, cadas, taneuh beureum anu pagalo. Nu antukna ku warga disebut-sebut buatan jalma buhun, ditambahan ku katerangan ahli sajarah nu kungsi datang ka Kampung Kuta.
Makam buhun: perenahna di lebah tungtung kampung, patemonna walungan Cisokan jeung Ciranjang, handapeun tangkal caringin. Perenahna leuwih jangkung tibatan Kampung Kuta, tapi beuki nyorondoy ka tungtung walunganana (pola wangun zigurat). Aya tilu makam pagigir-gigir dina tilu undakan. Undakan pangluhurna mangrupa makam gedé, dua deui laleutik diwangun tina batu. Numutkeun Abah Kuncén unggal tanggal 12 Mulud sok ramé nu jararah/tawasulan.

Kungsi Ditalungtik

Geus sababaraha kali Kampung Kuta ditalungtik boh ku para ahli arkéologi boh dinas pariwisata Cianjur boh mahasiswa boh sewang-sewangan. Sakabéhna boga sawangan nu sarua yén Kampung Kuta téh réa pisan ajén kasajarahanana, malah mah ceuk Mang Tata, ngaran wewengkon Kampung Kuta jeung tokoh nu dikurebkeun di makam buhun téh baheula mah sok kasabit-sabit ku juru pantun di RRI, cenah.

Panalungtikan nu lumayan gedé kungsi dipigawe ku sakelompok mahasiswa ti Bandung (Unpad sigana mah?), kalawan mawa alat ukur jeung sajabana pikeun metakeun (ngagambarkeun posisi) bénténg tanah nepi ka ngabukbak lahan. Jangjina mah tina hasil gawé éta panalungtikan téh salah sahijina rek nyieun jalan/pager pikeun ngagampangkeun aksés ka makam karamat. Tapi geus lima taun taya kabarna deui.

Nu nalungtik panganyarna nyaéta ti disbudpar Cianjur, tapi leuwih kana “kunjungan” éta mah. Kira-kira awal 2009-an. Ti harita nepi ka kiwari, can aya deui nu nalungtik kalawan teleb pikeun ngaguar harti jeung patalisajarahna boh kana karajaan baheula boh kana lalampahan karuhun Cianjur…

Kaayaan Ayeuna

Robah jaman, robah pangeusi. Kampung Kuta kiwari réa pangeusi, baheula mah unggal nyebut “kuta” téh matak muringkak bulu punduk alatan ku hieum jeung réa sato gangas, antukna ngan saeutik jalma nu daék nyorang jeung nempatanana.

Listrik, lédeng, jeung kahirupan modérn teu dihanteu-hanteu geus ngarobah tradisi di Kampung Kuta. Ngan ukur banda titilar budaya karuhunna nu jadi saksi tumuwuhna hiji kaadaban (peradaban) nu mundel ku ajén palsapah dina tata kahirupan kampung (buhun) Sunda.

Ditingal ti mimiti dipilihna tempat pikeun dijadikeun kampung, nepika nyieun hiji patilasan (pajaratan) di tungtung wates nu nampeu ka muhara dua walungan gedé, tangtu lain pagawéan anu biasa, tapi merlukeun itungan jeung kaarifan ti nu ngararancangna jeung nu nempatanana harita.

Najan kiwari geus teu pati dipiharti ku warga Kampung Kuta sorangan, tapi masih aya sawaréh warga nu mulasara (utamana makam), Abah Kuncen salahsahijina. Mugia naon-naon nu dititipkeun ka urang ti karuhun urang teu ilang kalindih ku sérabna jaman.

Anu aya minat wisata sajarah, Kampung Kuta bisa jadi salasahiji tujuan, pernahna di wewengkon liliwatan Bandung-Cianjur kalawan gampil diaksesna (motor bias asup nepi ka jero kampung).

Cag.

Tinggalkan Komentar

Ikuti dan bagikan:
0

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Kairaga.com © 2017
Twitter Auto Publish Powered By : XYZScripts.com