Dimuat dina Galura Minggu 1 April 2017
Saptu, 1 April 2017, pasosoré sabada asar, di Alun-alun Bandung. Sababaraha nonoman nu dariuk ngariung ngawangun buleudan. Nyanghareupan papan préséntasi. Témbong deuih nu keur nerangkeun pangajaran. Daria pisan katempona téh. Teu kapangaruhan ku kaayaan alun-alun nu ramé ku nu arulin dina amparan jukut sintétis.
Keur naraon para nonoman bieu téh? Singhoréng keur miluan Sakola Aksara Sunda nu dilaksanakeun ku Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS), Ikatan Mahasiswa Siliwangi AMS, jeung Taman Bacaan Masarakat (TBM) Cibungur. “Sakola Aksara Sunda,” ceuk Hayati Mayang Arum, salah saurang aktivis Sakola Aksara Sunda.
Tempatna pundah-pindah, henteu di satempat, biasana mah di tempat anu ramé. “Apan sulukna ogé, diajar bari ulin, ulin bari diajar, saperti pendidikan usia dini. Ongkoh saha nu terang aya anu katajieun ngiring diajar,” ceuk Hayati ditungtungan ku seuri. Sakola Aksara Sunda karék dimimitian 25 Maret 2017, di sekretariat Angkatan Muda Siliwangi. Ti dinya maneuh dilaksanakeun saminggu sakali, unggal poé Saptu soré.
Salian ti Sakola Aksara, ieu komunitas ogé, ngagelar Sakola Aksara Sunda roadshow. Ngadatagan TBM atawa komunitas lianna pikeun ngajarkeun aksara Sunda kaganga. Ahad kamari (2/4/17) roadshow ka lembur Cibungur RT 01/10 Désa Batujajar, kacamatan Batujajar, Kabupatén Bandung Barat. Tempatna di TBM Cibungur.
“Anu ngiringan Sakola Aksara Sunda teu dipundut nanaon.” Ceuk Hayati. Éstu asal daékna. Béwara geus disumebarkeun ka paguron-paguron luhur jeung ka sakola-sakola. Tinggal ngabéjaan atawa daptar rék milu kana nomer telepon seluler. “Jumlah nu ngiringanna teu kawatesan, langkung seueur langkng saé, malih éta anu diharepkeun,” ceuk Hayati nu ogé instruktur Sakola Aksara Sunda.
Sakola Aksara Sunda tacan dibuka kelas-kelasan atawa tingkat-tingkatan, anu dajarkeunna nu pangdasarna heula. Aksara dasar kaganga, vokal, angka, cara macana, cara nulisna, jeung pananda sora. “Kaganga mah teu bentén sareng aksara Hiragana Jepang, kedah diapalkeun,” ceuk Hayati. Nu geus miluan Sakola Aksara Sunda saterusna sina diajar sorangan.
Asal geus apal aksara dasar, vokal, angka, jeung pananda sora saperti panéléng (é), pamepet (e), paneuleung (eu), panghulu (u), panolong (o), jeung sajabana, urang bisa maca jeung nulis Aksara Sunda. Tangtu waé ari keur maca aksara Sunda buhun mah teu cukup ku kitu. Aksara Sunda kaganga diropéa tina naskah kuna jeung prasasti Sunda.
Salah saurang nu miluan Sakola Aksara Sunda nu digelar di alun-alun Bandung kamari nyebutkeun ieu kagiatan téh hadé pisan. “Kelasna henteu formal,” pokna. Lilana diajar, kurang leuwih sajam satengah, karasana sakeudeung. Alusna mah cenah, lilana diajar leuwih ti sajam satengah, ngarah leuwih parigel dina nulis jeung maca aksara Sunda.
Ningal pangbagéa kitu najan nu miluanana saeutik kénéh, Hayati nyebutkeun ka hareupna ieu kagiatan bakal terus dironjatkeun sangkan Aksara Sunda leuwih dipikawanoh ku balaréa. “Aksara Sunda téh banda urang Sunda, ku urang kudu dimumulé jeung ddimekarkeun” Pokna.***Iis Listari