Beuteung

Beuteung téh bagian awak nu pohara pentingna. Tempat jinekna dahareun atawa inuman. Lemesna lambut, padaharan, atawa patuangan. Aya nu narik nu dicatet ku Danadibrata dina kamusna. Sajaba ti harti nu ku urang geus lumrah dipikawanoh, Danadibrata ngadaptarkeun harti wewengkon, nya éta ‘entas’. Beuteung ti Bandung hartina ‘entas ti Bandung’. Hanjakalna teu disebutkeun basa wewengkon mana éta téh.

Upama urang maluruh téks-téks Sunda buhun, kecap beuteung ogé mibanda sababaraha harti. Harti nu kahiji sarua jeung harti kiwari, minangka ngaran bagian awak. Jaman baheula, wanoja nu dianggap geulis téh beuteungna rada montok, siga Déwi Raja Kabalahan, putri ti Pasuketan. Cenah gé “Bogoh ku na jeneng putri, jembut awak kambuy beuteung” ‘kataji ku tuang putri, awak buluan beuteungna montok’ (CP. 283-84). Dina téks Sang Hyang Sasana Maha Guru (SSMG.14), dina bagbagan ngeunaan caturpasanta (opat sarana kadali), diécéskeun perkara rupa-rupa panyakit, salasahijina nya éta nyeri beuteung, tajam beuteung, medu, kawayaan, jeung sakur panyakit na jero beuteung (jeba beuteung). Déwa nu ngageugeuh beuteung téh, dumasar naskah Pitutur ning Jalma mah, Sang Hyang Linggut Bwana. Sacara harfiah mah linggut bwana téh hartina bwana nu teu weléh obyag teu weléh usik. Meureun ieu ngaran téh teu bina jeung konsép beuteung dina awak manusa.

Sajaba ti harti nu ilahar, kecap beuteung ogé nuduhkeun harti bagian dina jero awak, lain lambut, tapi haté.  Ieu konsép téh kapanggih dina adegan Hayam Canggong basa nimu Déwi Sita dina saapan, inyana ngarasa hélok, panasaran kana eusina: ‘Sadatang inya ka cai, datang ka saapanana, téka nanjeur ngareungeueun, diheueum di dalem beuteung, rarasan di jembawasa, lémék di na jero haté’ (Putra Rama jeung Rahwana, baris 335-340). Boh beuteung, boh jembawasa, boh haté téh dina kontéks di dieu mah mangrupa sinonim. 

Pangmindengna mah ieu kecap téh nuduhkeun harti basa wewengkon ceuk Danadibrata téa, ‘entas, enggeus, réngsé’, sok sanajan dina téks-téks Sunda Kuna mah aya ma’na implisit ‘eureun’. Tingali baé adegan basa Bujangga Manik ngarasa kataji ku awak kapal: beuteung bogoh ku sakitu, bogoh ku nu mawa inya ‘entas kataji ku sakitu, (kuring) kataji ku nu mawana (kapal)’.  Pon kitu deui dina Kawih Pangeuyeukan: ‘ayeuna beuteung nyanghu(n)jar, émok teher dikaré(m)bong’ ‘ayeuna réngsé nyanghunjar, laju émok tuluy dikarémbong’.

Dina fragmén Carita Parahyangan (lambaran 42b & 39a) mah rada écés yén ma’na beuteung téh leuwih deukeut kana ‘eureun’: Ti inya, beuteung nyieun manéh panghuma, beuteung panggerek, beuteung panyadap,  beuteung  padagang;  ku  Sang Wretikandayun diadegkeun: Sang  Manguhukan diadegkeun Rahyangtang Kulikuli, Sang Karungkalah  diadegkeun Rahyangtang Surawulan, Sang  Katungmaralah diadegkeun Rahyangtangtang Pélésawi, Sang Sandanggreba diadegkeun Rahyangtang Rawunglangit. ‘Ti dinya, eureun ngajadikeun dirina panghuma, eureun jadi panggerek, panyadap, padagang; laju ku Sang Wretikendayun dijadikeun: Sang  Manguhukan dijadikeun Rahyangtang Kulikuli, Sang Karungkalah  dijadikeun Rahyangtang Surawulan, Sang  Katungmaralah dijadikeun Rahyangtangtang Pélésawi, Sang Sandanggreba dijadikeun Rahyangtang Rawunglangit.

Nu jadi kapanasaran téh, naha sacara étimologis mah harti beuteung nu jadi bagian awak manusa téh asalna mah tina harti ‘eureun’. Aya kamungkinan ka dinyana mah, da basa harita momotoran ngaliwatan hiji lembur di Cisééng Bogor, aya nu disebut lembur Cibeuteung. Numutkeun katerangan resmi ti désa Cibeuteung Muara, cenah mah ieu ngaran téh dicokot tina basa Sunda, ku sabab dayeuhanana (penduduk) masih ngagunakeun basa Sunda. Cibeuteung téh cenah tina kecap ci jeung beuteung. Ci hartina cai, beuteung hartina tempat sagala dahareun jeung inumeun, nu diala sarina pikeun getih, daging, tanaga. Sok sanajan ieu téh konsép émik nu miboga lemburna, ana seug dipikir mah, asa piraku pihartieunana ‘cai dina jero beuteung’ mah. Cibeuteung téh meureun ‘cai eureun’, nuduhkeun tempat eureunna kamalir cai, méh sawanda jeung lembur Cimalik, wewengkon tempat kamalir cai malik ka hulu cai. Saupama ieu anggapan téh bener, bisa jadi ma’na beuteung dina bagian awak urang téh tempat pengeureunan, tempat reureuhna sakur nu didahar jeung diinum ku urang, saméméh dikaluarkeun deui kokotorna.

Pun. Leuwih luangan, kurang wuwuhan.

Ikuti dan bagikan:
error5
Tweet 20

Leave a Reply

avatar
  Subscribe  
Notify of