Tahun

Karasana kamalayon kecap tahun téh. Da dina basa Sunda kiwari mah nu prah dipaké téh taun. Dina basa Sunda buhun mah sabalikna, kecap nu digunakeun téh tahun, siga dina basa Malayu. Waktu jumenengna raja-raja nu ngawasa di Tatar Sunda ditataan ku pangarang maké istilah tahun, upamana ‘lawasnya ratu tujuh tahun’. Raja nu ngan ngawasa tilu tahun dianggap raja nu gaplah, nu salah léngkah. Pon kitu deui raja nu ngawasana ngan tujuh tahun, kasebutna heunteu dumuk. Mun henteu goréng lampah kawas Tohaan di Galuh, nu bogoh ka istri larangan ti kaluaran ‘kéna salah na twah bogoh di estri larangan ti kaluaran’, keuna ku kalawisaya (sasalad perang), saperti nu kaalaman ku prabu Maharaja Linggawangi. Samalah keur pangarang Carita Parahyangan mah, dalapan belas tahun téh waktu nu samporét teuing keur raja nu nyakrawati téh, upamana Sang Lumah ing Winduraja (teu heubeul adeg, lawasnya ratu dalapan welas tahun). Raja-raja nu kabawah ku Pakuan, marek satahun sakali ka puseur dayeuh, masrahkeun sakur hasil produksi di wewengkonna séwang-séwang.
Keur pandita nu tatapa kawas Bujangga Manik, waktu satahun téh dianggap samporét deuih, moal nyumponan kabutuhan batiniahna. Jaman baheula mah istilah tutug tahun téh hartina nepi kana mangsana, alias tilar dunya. Ieu idiom téh digambarkeun kalayan éndah ku Bujangga manik (1434-1439):

            Lamun bulan lagu tilem,         
            panon poé lagu surup,                       
            beurang kasedek ku wengi,     
            tutug tahun pantég hanca,                  
            nu pati di walang suji,
            nu hilang di walang sanga.

Dina naskah Kaputusan Sang Hyang (kaca 2-3) dibéjérbéaskeun waktu tatapa nepi ka ngahontal moksa. Copélna, cenah, tatapa téh dileukeunan salila tujuh tahun. Tanda-tandana, lamun kapireng sada sééng sahéng atawa sada odéng, tujuh tahundeui tatapana. Éta sora ngadeukeutan, hartina genep tahun deui tapa, kadéngé sora ketug tilu kali, lima tahun deui, beuki deukeut sorana, tilu tahun deui. Upama mireng sada nu neupa atawa nu ngawih, tilu tahun deui, beuki deukeut sorana, satahun deui nu tatapa téh moksa.
Istilah tahun téh bawirasa patali jeung pangaweruh urang Sunda kana palilintangan, da dina Siksa Kandang Karesian nyampak istilah tahun tanpa tenggek jeung tahun tanpa sirah. Ahli palilintangan téh disebut Bujangga. Ieu paélmuan, copélna baheula, kawasna mah ditepikeun ku cara lisan, carék beuheula, nu namper dina ingetan para Bujangga. Kumaha cara ngitung waktu patali béntang jaman baheula, poékeun kénéh, guareun para ahli ka hareupna.
Sajaba ti harti ‘taun’ itungan waktu, tahunogé ngandung harti nu patali jeung tatanén, nya éta ‘panén’. Saupama urang ngamalkeun sasana kreta, ceuk pangarang Siksa Kandang, urang bakal kasinugrahan ku kamakmuran. Cenah gé ‘heubeul hirup, heubeul nyéwana, jadian kuras, jadian tahun, deugdeug tanjeur jaya prang, nyéwana na urang reya’, nu dihartikeun ku Atja jeung Saleh Danasasmita ‘lama hidup, lama berjaya, ternak berbiak, tanaman subur, selalu unggul dalam perang, (semuanya) terletak pada orang banyak (rakyat)’. Cindekna, tahun dihartikeun pepelakan.
Kana ieu tarjamahan, sim kuring ngasongkeun kamungkinan séjén nu bawirasa leuwih merenah, ku cara ngabandingkeun jeung Sasana Maha Guru. Dina bagian pañcakapataka(lima sasalad), diécéskeun perkara kasangsaraan di tilu alam dunya (tribwanaloka), antarana: kahuruan dayeuh, burung tahun, éléh ku sasalad(ripuh ku sasalad), larukangkang salah masa (usum katiga panjang salah mangsa), sarba pala tan pawwah (bungbuahan henteu hasil), sarba satwa añarak (sagala satwa bangkar). Nu narik téh kecap burung tahun, nu kudu dihartikeun ‘gagal panén’.
Nilik babandingan di luhur mah, tarjamahan jadian tahun dina Siksa Kandang téh ‘panén nu mucekil’. Kuras ogé bawirasa hartina lain ingon-ingon, da keur nuduhkeun ingon-ingon mah ilaharna kecap Sunda Kunana téh cocooan atawa éjahan séjénna cwacwaoan. Sigana kuras mah patali jeung kecap Sansekerta kurasa nu hartina ‘sarupa tatangkalan liar’.
Nu jadi kapanasaran, ti iraha urang Sunda ngaganti kecap tahun jadi taun? Guareun ahli basa satuluyna.

Pun. Leuwih luangan, kurang wuwuhan.

Ikuti dan bagikan:
error5
Tweet 20
Updated: 3 Januari 2020 — 22:20

Leave a Reply

avatar
  Subscribe  
Notify of