Tutur Bwana

Saméméh diumumkeun ku Tien Wartini spk. taun 2010 dina bukuna ‘Tutur Bwana dan Empat Mantra Sunda Kuna’ (wedalan Perpustakaan Nasional RI gawé bareng jeung Pusat Studi Sunda), nu kungsi nyieun transliterasi, atawa copélna maca naskah Tutur Bwana (koropak 620) téh kawasna ngan Pleyte jeung Noorduyn. Transliterasi Pleyte aya dina pabetékanana nu dinomoran Plt. 7 peti 121. Ari Noorduyn kungsi ngutip sabagian tina téksna dina artikelna nu dijudulan “Traces of an Old Sundanese Ramayana Tradition” nu dimuat dina Jurnal Indonésia taun 1970. Koropak 620 kaasup kana koléksi Bandung, paméré ti bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah IV (1846-1874). Ditulis dina 40 lambaran daun lontar ukuran 37,8 x 3,1 cm. kiwari naskahna nu ngan hiji-hijina téh diteundeun di Perpusnas, kalayan nomor koléksi L 620 peti 86. Aksara jeung basana, Sunda buhun.

Tutur Bwana (kropak 620) koleksi Perpusnas – Dok. Aditia Gunawan

Eusina

Kawilang langka naskah Sunda buhun nu ditulis dina wangun prosa bari eusina mangrupa carita naratif téh. Karéréaan téks-téks Sunda buhun wangun prosa eusina mangrupa piwuruk kaagamaan atawa paripolah étis ti sang guru ka muridna enggoning nyampurnakeun papancén (darma)na di alam dunya. Bagian awal téks Tutur Bwana nyaritakeun asal muasal diciptakeunana alam bwana. Sang Haro nyiptakeun eusi bwana: beurang, peuting, jukut, tatangkalan, rungkun, lingga, batu candi, candi beureum, candi bodas, nyieun pasir, nyieun hunyur, gunung. Cindekna, dicaritakeun wiwitan sing sarwa nu ngawujud di alam dunya.

Hiji waktu, endog suci (sang hyang hantiga) alam sajagat netes. Bubuleudna jadi Batara Sang Hening Tunggal, héhérangna jadi Batara Guru, bobodasna jadi Sang Darmajati, lapisan ipisna jadi Sang Balibungah (Nusia Awak Larang), lapisan kandelna jadi Batara Tunggal. Lima déwata anu ngawasa alam dunia téh. Batara Sang Hening Tunggal jeung Batara Guru aya di dunya pangluhurna, Sang Balibungah jeung Batara Tunggal cicing di dunya handap, tengah-tengahna anegléng Sang Darmajati. Ti dieu nuduhkeun yén lapisan alam dunya téh aya lima.

Caritana mah museur dina dua tokoh: Sang Kalasakti, antagonis nu ngaburak-barik kahyangan, jeung Sang Darmajati, protagonis. Duanana gé pada saktina. Sakur pakarang Sang Kalasakti nu temahna ngaruksak ngalawan pakarang Sang Darmajati nu mawatna tingtrim. Déwata nu pada-pada saktina, pada-pada sampurnana, padungdung di kalang kahyangan. Nu sajati reujeung anu sajati. Suka jeung duka, salamet jeung cilaka, hurip jeung pati; Darmajati jeung Kalasakti. Déwata nu pada-pada saktina, pada sampurnana, padungdung di kalang kahyangan. Nu sajati reujeung anu sajati. Suka ngalawan duka, salamet ngalawan cilaka, hurip ngalawan pati; Darmajati ngalawan Kalasakti.

Tapi Sang Darmajati lain déwata samanéa, kapan inyana anu dipihurip ku sakabéh. Sabab Brahma, Wisnu, Isora, Mahadéwa, Siwah, Ludra, Sangkara, jeung Sambuh, Darmajati nu ngajadikeun huripna. Yama, Baruna, Kowéra, Bésawarna, Darmajati huripna. Buta, Yaksa, Picasa, katut sakur bangsa raksasa nya Darmajati nu ngajadikeun huripna, pon kitu deui srangéngé, wulan, jeung akasa. Aya rujeung henteuna, Darmajati hakékatna. Cindekna, Sang Darmajati wenang nutup hurip Sang Kalasakti.

Adegan Darmajati nelasan Kalasakti téh saenyana mah pinuh ku simbol. Kalasakti tiwas ku sabab sapuluh lawangna (dora sapuluh) ditutup (dikancing). Dora sapuluh téh taya lian dasa-indria, sapuluh indra manusa. Sajaba ti éta, tilu poténsi nu teu ngawujud, nyaéta bayu ‘rénghap, tanaga’, sabda ‘ucap’ jeung hedap ‘pikiran, akal budi’ ogé dipeundeut. Kalasakti nepi ka henteuna ku sabab leungiteun kabéh poténsi nu aya di unggal makhluk.

Tapi Sang Kalasakti dihirupkeun deui ku Darmajati, sabab sang batara ngarasa yén ayana Sang Kalasakti kacida pentingna pikeun kasaimbangan jagat. Ti dinya laju dibukakeun dora sapuluh (sapuluh indra) katut dora tilu (rénghap, ucap, pikir) Sang Kalasakti, nya mana neut hudang deui Batara Kalasakti. Sang Darmajati unggah deui ka sang hyang manik nirmala suda malinglang, nyayang dina patapanna, sang hyang rahaséa.

Kitu kurang leuwihna caritana Tutur Bwana téh. Carita simbolis anu kacida matak narikna ieu téh tangtu perelu disurahan leuwih jero pikeun meunangkeun gambaran kosmologi Sunda buhun nu ceuk Jakob Sumarjo mah pinuh ku dualitas paradoksal. Tina munculna ngaran tokoh utama Darmajati, nu teu kacatet minangka pantheon nu holna ti India, nu murba astadewata (dalapan Déwa) nguatkeun anggapan yén dina sistim kalungguhan ilahiah urang Sunda mangsa bihari, déwa-déwa nu holna ti India téh kalungguhanana aya di sahandapeun Déwa Sunda. 

Ikuti dan bagikan:
error5
Tweet 20

Leave a Reply

avatar
  Subscribe  
Notify of