Driver ini dapat digunakan untuk Sistem Operasi Windows 32 bit dan 64 bit. Layout yang digunakan untuk mengetikkan aksara Sunda Unicode dapat dilihat seperti pada gambar berikut:
- Layout Papan Tombol dalam posisi normal
- Layout Papan Tombol dalam posisi Shift
Driver keyboarna teu tiasa di instal kang
Cobi nganggo driver https://app.box.com/s/dlak8tob23lkkwyhx7be
Fonts pani tiasa langsung diinstal tanpa driver. Naha aya font nu sanesna nu tanpa driver?
Aya. Mangga download ti dieu: http://www.kairaga.com/font-sunda/
Ilham, aksara Sunda revisi 2013 teh teu tiasa didownload geunging?
Tos dikintun kana email, Pa.
Assalamu’alaikum.
Sampurasun.
Puntn akang, nyuhungkeu driverna, kintun ka e-mail dianmarzuki83@gmail.com
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum
kantun download ti dieu: https://www.kairaga.com/font-sunda/driver-keyboard
Punten Kang Ilham, upami ngisi tulisan huruf “n” di akhir kata. kumaha carana?
Tiasa ngetik dina keyboard᮫: “n” + “;” (pamaéh). Hasilna janten “ᮔ᮪”. Contona: Banten –> ᮘᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪
ohhh kantun hurup konsonan na hungkul nya, hurup vokal na janten paeh..
sunawan –> ᮞᮥᮔᮝᮔ᮪
hatur nuhun, Kang..
Muhun, leres. Sip, sami-sami.
Kang cobi pami nyerat deni sopian janten kumaha?
ᮞᮧᮕᮤᮃᮔ᮪
Kan artina pancat rampak naon nya?.ari penulisan na kmh… Nyuhun ken pisan kang..
Min naha abdi masih teu tiasanya, tos install font sareng driver keyboardna tapi angger kitu. 64 bit intel i3
Rupina teu kompatibel kana spek komputerna. Kanggo alternatifna, cobi anggo font anu nganggo blok Latin tina kaca ieu: http://www.kairaga.com/font-sunda
Aslkum sampurasun.. haturan salam pangwanoh kang..kang Ilham dupi nyerat Singkatan ku aksara sunda kumaha?
Contona pami nyerat STNK, naha sadayana ngangge pamaeh? htr nhun
Waalaikum salam, rampes.
Kanggo singkatan, saleresna teu acan katangtosan anu baku. Mung bawiraos rupina kedah nganggo pamaeh sadayana. Nyerat STNK janten ᮞ᮪ᮒ᮪ᮔ᮪ᮊ᮪
kok gk ada buat 32 bit kang????
Di dalam paket driver 64 bit juga ada driver untuk 32 bit.
kang pami nginstall dina windows 10 kumaha nya tee tiasa wae?
Nganggo processorna naon? AMD/Intel?
abdi nganggo processor intel.
Tiasa.
kang, pami edisi revisi tiasa di unduh dipalih mana?
Aya di dieu:
https://www.kairaga.com/2015/05/05/font-aksara-sunda-unicode-versi-2013-revisi.html
kang punten dupi font Black_Knight tiasa di download d dieu?
Dina web ieu teu acan disayagikeun margi teu acan lengkep aksarana. Ku abdi tos dikintun kana email.
Kang Ilham, font’na janten teu nyamung kna aksara nu di pikahoyong
Font nu mana manawi? margi font Sunda teh aya dua jenis. 1. nu nganggo driver keyboard, 2. nu teu kedah nganggo driver. Duanana gaduh fitur anu benten. Upami lepat nganggona sok janten teu luyu hasilna. Manawi tiasa dijelaskeun masalahna sapertos kumana?
kang abdi peryogi transleet aksara sunda versi revisi 2013
Upami alih aksara mah tiasa ditingali di dieu: https://www.kairaga.com/font-sunda/konversi-otomatis
Font Sundanese Unicode revisi 2013 tiasa dipilari di dieu: https://www.kairaga.com/font-sunda
kang punten upami nyerat raharja, dinu “har” teu tiasa nganggo panglayar (ha + r). kumaha kang? hatur nuhun.
raharja –> r+h+Q+j = ᮛᮠᮁᮏ
Pituduh salengkepna aya di dieu: https://www.kairaga.com/font-sunda/panduan
Kang upami hoyong ngahasilkeun “teu” kumaha?
ta+paneuleung –> ᮒ + ᮩ = ᮒᮩ
Sareng kang geuning pami nyerat na aplikasi sanes/browser mah janten teu tampil aksara teh?
Muhun, margi teu sadayana aplikasi dina Windows ngadukung aksara Sunda. Aksara Sunda tiasa muncul upami aya pilihan kanggo ngatur font. Tapi upami dina Linux mah, asal font aksara Sunda tos diinstalkeun, pasti tiasa dianggo dina aplikasi naon bae. Cobi tingali contona di dieu: https://www.kairaga.com/font-sunda/panduan/instal-aksara-sunda-di-ubuntu-10-10
Support di iOs teu, Kang?
Tos aya, mangga tingali infona di dieu:
https://www.kairaga.com/2016/04/05/sedang-dikembangkan-keyboard-aksara-sunda-untuk-ios.html
Kang, kanggo ngetik Kha sareng Sya di keyboard nganggo naon?
kha= ᮮ (shift + K)
sya= ᮯ (shift + S)
Kang pami nyerat jampang manggung ku bahasa sunda kumaha…😆😆😆 hatur nuhun
Bahasa Indonesia: Jampang Manggung
Basa Sunda: Jampang Manggung
Aksara Sunda: ᮏᮙ᮪ᮕᮀ ᮙᮀᮌᮥᮀ
Mantap, Kang. Tos support x64 mah keren. Mung sakedik kirangna panginten, ku simkuring disimpen di D: nalika dibuka setup.exe teh kalah tampil error:
“Setup was unable to find the msi package or patch
‘D:\SundaKb_64bit\sundanese_amd64.msi’.
boh dibuka normal atanapi Run as Administrator oge.
Janten nginstalna simkuring mah langsung nganggo file SundaKb_amd64.msi. Simkuring nganggo Windows 7 x64 SP 1 Build 7601. Manawi tiasa janten perhatosan. Hatur nuhun.
Hatur nuhun informasina, Kang. Mugi ngabantos kanggo nu sanesna.
Sampurasun abah hoyong tiasa nyerat aksara sunda kaganga dina laptop/komputer tapi teu tiasa carana, punten manawi tiasa ngajelaskeun hatur nuhun
Rampes. Mangga tingali pituduh lengkepna di dieu:
https://www.kairaga.com/font-sunda/panduan
kang punten kangge nyerat JEUNG rarangkena EU sareng NG na numpuk wae,kinten kinten solusi na kumaha nya?
Biasana masalah ieu muncul dina MS Word. Alternatif solusina:
1. Nganggo font Prada: https://www.kairaga.com/2015/05/05/font-sunda-prada.html
2. Ngetikna nganggo Libre Office.
driver nu sundaKb_i368.msi teu tiasa di instal
driver nu sundaKb_ia64.msi oge teu tiasa di instal
tah pas nyobian ngainstal driver nu AMD mah tiasa di instal,padahal abi ngangge intel i7,tah mungkin teu kang driver na teu support ka cpu na?jadi rarangken na numpuk
Rarangken numpuk sanes masalah tina driverna, tapi font atanapi word processorna. Driver tugasna mung kanggo ngainput kode unggal aksara, sanes kanggo nembongkeun bentuk aksara.
Upami masalahna font, mangga tiasa dipilari alternatifna (disarankeun nganggo font Prada. Upami masalahna wordp processor, mangga anggo LibreOffice kanggo alternatifna.
siap kang hatur nuhun sateu acana
aslkm,a’ilham nyunkeun kanggo instaleunna nya,window 10 core i3.haturnuhun sateuacana.
Waalaikum salam. Mangga langsung download bae.
assalamualaikum,
kang nyunkeun link kangge driver keyboard di komputer.
nuhun.
Mangga, Kang Andri.
kang upami nyerat CIANJUR bahasa sunda kumaha? hatur nuhun
kumaha cara downlotna yaa kybotna ya sesah
tuturkeun bae lengkah-lengkahna. Upami sesah, mugi para wargi nu aya dina forum/gup Facebook Aksara Sunda tiasa mantosan.
ᮠᮒᮥᮁ ᮔᮥᮠᮥᮔ᮪
ᮞᮙᮤ-ᮞᮙᮤ
min, mw nanya knp kl di word bisa muncul aksaranya, tpi kl di luar word aksaranya ga muncul, padahal udh pk Sundanese Unicode keyboard
Sistem Windows belum mendukung aksara Sunda untuk bisa diketik secara benar di luar program berbasis teks atau gambar. Kalau adau pilihan font di program/aplikasinya sih harusnya bisa muncul aksaranya. Misalnya di Corel, Photoshop, notepad, browser internet dll. Maksudnya “di luar word” itu bagaimana? apa aplikasinya?
maksudnya di luar word tuh, kaya bwt di line, twitter, facebook, dll min. pokoknya selain ngetik bwt di word gitu^^
Untuk menampilkan aksara Sunda di Twitter atau Facebook bisa melalui browser Mozilla Firefox.
Baca di sini: https://www.kairaga.com/2016/03/01/menampilkan-aksara-sunda-di-browser-mozilla-firefox.html
Kalau untuk Line, pada prinsipnya sama, yaitu font pengkodean aksara Sunda melalui keyboard harus terbaca oleh sistem aplikasinya. Contohnya bisa digunakan dalam aplikasi chatting di android.
baca selengkapnya di sini: https://www.kairaga.com/font-sunda/panduan/instal-aksara-sunda-di-android
Untuk bisa berkirim pesan dengan aksara Sunda syaratnya ada dua, yaitu 1) harus terinstal font, 2) harus terinstal keyboard Sunda.
Beberapa aplikasi mungkin tidak dapat menampilkan aksara Sunda karena font Sunda tidak dapat terbaca oleh sistemnya.
hatur nuhun min^^
sami-sami.
kang bade naros naha pami abdi ngetik tulale pasti jadina tulela wae ?
hatur nuhun
Rupina aya keneh eror dina sistem fontna. Cobi nganggo Font Prada. Ngetikna dina Libre Ofiice.
Uken huruf Sunda NU Syah Sreng r paeh
Mangga download ti dieu: https://www.kairaga.com/font-sunda
Assalamuallaikum .sampurasun kang
Kang upami nyerat “selamat datang/wilujeng sumping” nganggo aksara sunda kumaha?
Upami di download di hp tiasa teu kang?
Nuhun sateuacanna
selamat datang = ᮞᮨᮜᮙᮒ᮪ ᮓᮒᮀ
wilujeng sumping = ᮝᮤᮜᮥᮏᮨᮀ ᮞᮥᮙ᮪ᮕᮤᮀ
Kanggo dina hape tiasa ditingali cara setingna di dieu: https://www.kairaga.com/font-sunda/panduan/instal-aksara-sunda-di-android
masyaalloh,, luar biasa perjuangan akang kanggo ngalestariken aksara sunda kang… mantap
Muhun, hatur nuhun, Kang. Urang sasarengan ngamumulé aksara Sunda.
Am, font aksara Sunda na naha teu tiasa didownload?
abi nganggo nu ti Ilham nu 2008 tapi ayeuna teu tiasa dianggo.
upami tiasa, palay dikintun k email ny,,,
hatur nuhun …
Pituduh lengkepna tiasa ditingali di dieu: https://www.kairaga.com/font-sunda/panduan
Cobian heula we, upami aya masalah nginstalkeunana mangga japri wae.
kang ieu teh teu tiasa diinstal dina laptop nu abdi intel HD
Muhun, rupina teu acan kompatibel kanggo processor eta mah.
Assalamualaikum, kang kmh nya geuning teu tiasa diinstal dn leptop abdimah
Sumuhun, hapunten rupinan teu acan kompatibel kana sadaya tipe komputer. Alternatifna tiasa nganggo font Sunda anu keyboardna nganggo basis Latin. Mangga download ti dieu:
http://www.kairaga.com/font-sunda/
supaya tiasa diangge kana photoshop kmaha kang
Prosesna sami wae sareng nganggo font Sunda dina MS Word. Instalkeun fontna, instalkeun driverna. Teras seting dina pilihan font, atur oge keyboardna. Lengkepna tingali di dieu, kantun ngarobih aplikasina wae janten MS. Word:
https://www.kairaga.com/font-sunda/panduan
Punten admin upami nyerat shofia kumaha nya?
Shofia = ᮞ᮪ᮠᮧᮖᮤᮃ
kang kalau penulisan “punten mangga” seperti apa?
punten = ᮕᮥᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪
mangga = ᮙᮀᮌ
Parmisi punten kang ko buat amd64 g ana kang?
Bisa pakai yang tersedia. Saya pakai AMD 64 bit juga.