|Medal dina Manglé No. 2810 2-9 Désémber 2020| Dina basa Sunda Kuna, aya hiji kecap anu matak narik pisan, nyaéta kecap dayeuhan. Kecap dasarna tangtu dayeuh nu hartina ‘kota’. Dumasar kana tata basa Sunda mah, kecap nu dirarangkénan tukang -an téh ngawangun kecap barang, upamana caritaan, jumaahan, atawa bisa jadi kecap pagawéan/sipat deuih, upamana unjukan, […]
Kategori: Artikel Bahasa Sunda
Maluruh Formasi Jurit (Bihwa) dina Siksa Kandang Karesian
| Medal dina Manglé No. 2800 | Katrangan ngeunaan tingkah perang dina Siksa Kandang Karesian (SKK) téh ayana dina lambaran ka 19 recto tungtung jeung 19 vérso awal. Dina dina édisi Atja sareng Saléh Danasasmita (1981): Sugan hayang nyaho di tingkah prang ma: makarabihwa, katrabihwa, lisangbihwa, singhabihwa /19r/, garudabihwa, cakrabihwa, sucimuka, brajapanjara, asu maliput, merak simpir, gagak sangkur, luwak maturut, kidang […]
Artikel ‘na’ dina Basa Sunda Kuna
| Medal dina Manglé No. 2802 | Aya hiji wangun morfologis nu tara kasebut dina ulikan basa Sunda, utamana basa Sunda Kuna, nyaéta artikel na. Dina basa Sunda Kuna, munculna na téh kacida remenna. Produktif pisan. Keur sakur nu nyarungsum téks-téks Sunda Kuna mah, unggal manggihan wangun /na/, kacida hésé nangtukeunana, naha na nuduhkeun rarangkén tukang -na, […]
Tutur Bwana
Saméméh diumumkeun ku Tien Wartini spk. taun 2010 dina bukuna ‘Tutur Bwana dan Empat Mantra Sunda Kuna’ (wedalan Perpustakaan Nasional RI gawé bareng jeung Pusat Studi Sunda), nu kungsi nyieun transliterasi, atawa copélna maca naskah Tutur Bwana (koropak 620) téh kawasna ngan Pleyte jeung Noorduyn. Transliterasi Pleyte aya dina pabetékanana nu dinomoran Plt. 7 peti […]
Beuteung
Beuteung téh bagian awak nu pohara pentingna. Tempat jinekna dahareun atawa inuman. Lemesna lambut, padaharan, atawa patuangan. Aya nu narik nu dicatet ku Danadibrata dina kamusna. Sajaba ti harti nu ku urang geus lumrah dipikawanoh, Danadibrata ngadaptarkeun harti wewengkon, nya éta ‘entas’. Beuteung ti Bandung hartina ‘entas ti Bandung’. Hanjakalna teu disebutkeun basa wewengkon mana […]
Tahun
Karasana kamalayon kecap tahun téh. Da dina basa Sunda kiwari mah nu prah dipaké téh taun. Dina basa Sunda buhun mah sabalikna, kecap nu digunakeun téh tahun, siga dina basa Malayu. Waktu jumenengna raja-raja nu ngawasa di Tatar Sunda ditataan ku pangarang maké istilah tahun, upamana ‘lawasnya ratu tujuh tahun’. Raja nu ngan ngawasa tilu […]