|Medal dina Manglé No. 2810 2-9 Désémber 2020|
Dina basa Sunda Kuna, aya hiji kecap anu matak narik pisan, nyaéta kecap dayeuhan. Kecap dasarna tangtu dayeuh nu hartina ‘kota’. Dumasar kana tata basa Sunda mah, kecap nu dirarangkénan tukang -an téh ngawangun kecap barang, upamana caritaan, jumaahan, atawa bisa jadi kecap pagawéan/sipat deuih, upamana unjukan, borangan, babarian, jsté (tingali upamana makalahna Robins 1959).
Kecap dayeuhan geus teu nyampak dina basa Sunda kiwari, tapi rada mindeng kapanggih dina téks-téks Sunda Kuna, boh dina prasasti atawa naskah. Dina basa Sunda kiwari, rundayan kecap dayeuh téh ukur dadayeuhan ‘(gaya) siga urang dayeuh’, padayeuhan (saharti jeung dayeuh).
Dayeuhan dina Téks-téks Sunda Kuna
Ayeuna urang tingali kecap dayeuhan dina sumber-sumber heubeul. Dina sumber-sumber prasasti mah, ieu kecap ngan kapanggih dina prasasti Kebantenan 1, nu unina:
“Mulaḥ mo mihape ḍayeuhan ḍi Jayagiri, deung dayeuhan ḍi Su(n)ḍasəmbawa”
“Ulah nepi ka henteu ngaraksa dayeuhan di Jayagiri, jeung dayeuhan di Sundasembawa.”
Pleyte dina artikelna nu dijudulan “Het Jaartal op den Batoe-Toelis nabij Buitenzorg”, medal dina majalah Bataviaasch Genootshap (TBG) taun 1911 narjamahkeun kecap dayeuhan jadi hoofdplaats, atawa ‘puseur dayeuh’. Hasan Djafar, nu nalungtik ieu prasasti kabéhdieunakeun, dina makalahna “Prasasti-prasasti dari Kerajaan Sunda” (1991), henteu narjamahkeun ieu kecap.
Ieu kecap téh mémang langka kapanggih dina téks, utamana téks-téks Sunda Kuna anu geus disarungsum ti béh ditu mula, saperti Carita Parahyangan, Siksa Kandang Karesian, atawa Séwaka Darma. Kecap dayeuhan kakara muncul deui dina téks-téks puisi Sunda Kuna nu diédit ku Noorduyn jeung Teeuw (2006). Ku sabab ieu kecap tacan kacatet dina kamus nu aya, ieu dua sarjana ngahartikeun ieu kecap sigana dumasar kana kontéksna dina kalimah. Ieu dua ahli narjamahkeun kecap dayeuhan jadi ‘penduduk, warga (kota)’. Geura ieu di handap sawatara conto tina carita Para Putra Rama jeung Rawana (baris 224-227):
‘Na naha heueuman ini? ‘Naon ieu ririungan téh?
Nu dipisaur rarasan nu dipadungdengkeun meni pogot,
baruk ma dayeuhan dalem, singhoréng warga istana,
nu ngeusi na kadaton. nu ngeusian kadaton.
Dina carita nu sarua (baris 321-323) ieu kecap muncul deui, basa nyaritakeun Hayam Canggong nu manggihan peti nu eusina Deuwi Sita palid di walungan.
Tuluy nu keuna saapan, Tuluy keuna kana sapaan,
taheun aki Hayam Canggong, nu aki Hayam Canggong,
dayeuhan di batur Manggu. nu dumuk di patapaan Manggu.
Kitu deui lebah adegan saméméh perang antara Bujanggalawa jeung Manabaya (baris 1430-1434).
‘Aya ma dayeuhan dayeuh, ‘Mun seug aya warga dayeuh,
dingaran Bujanggalawa, nu ngaranna Bujanggalawa,
deungeun Prebu Puspalawa, jeung Prebu Puspalawa,
ulah anggeuh-anggeuh teuing, ulah ngarasa gedé haté,
ulah ngaréhékeun pakeun, ulah nyamplangkeun bebekelan,
Tétéla dina ieu tilu conto, kecap dayeuhan merenah pisan ditarjamahkeun jadi ‘penduduk’ atawa ‘warga’, ku sabab munculna jalma-jalma dina kontéks kalimahna. Upama urang nuturkeun Pleyte nu narjamahkeun dayeuhan minangka puseur dayeuh, bakal karasa ningnangna, upamana lebah narjamahkeun dayeuhan dayeuh, piraku hartina ‘puseur dayeuhna dayeuh’, saheulaanan kecap dayeuh sorangan hartina ‘puseur dayeuh’.
Kabéhdieunakeun, nu nulis ogé nuturkeun kana tapsiran Noorduyn & Teeuw, ku sabab merenah dilarapkeunana dina kontéks kalimah nu kumaha baé. Upamana dina téks Sang Hyang Sasana Mahaguru di handap:
Maka iyatna-yatna! Sugan urang asup tepas, asup dalem, hanteu ngeunah lamun hanteu dayeuhanana. Ya siksa kandang ngaranna.
“Mangka sing iyatna! Sugan urang asup tepas, asup kadaton, henteu merenah lamun (urang) lain wargana. Éta nu disebut Siksa Kandang téh.”
Dina kalimah di luhur, henteu merenah urang narjamahkeun dayeuhan minangka ‘puseur kota’, ku sabab ayana subjék ‘urang’. Pon kitu deui dina téks Warugan Lemah (12 &18), nu nétélakeun ngeunaan wangun taneuh pikeun ngawangun pakumbuhan:
Lamunna témbong ka laut ma ngaranna Tunggang Laya na dayeuh. Pamalina paéh ku bajra dayeuhan dayeuh.
“Lamunna nyanghareup ka laut, disebutna Tunggang Laya éta dayeuh téh. Mamalana nu darumuk di dayeuh paéh ku gelap.”
Lamun lembur kakurung ku imah, pamalina hulun dayeuhannana.
“Lamun lembur kakurung ku imah, mamalana nu nyaricinganana jaradi budak beulian.”
Ku kituna, ungkara nu dicutat tina prasasti Kebantenan gé jadi kaharti, yén nu dititipan amanah ku Raja Sunda di Pakuan Pajajaran téh pendudukna, nu darumuk di Jayagiri jeung Sundasembawa, lain puseur dayeuhna. Sri Baduga negeskeun ulah ngabeungbeuratan nu darumuk di dinya ku rupa-rupa kawajiban saperti kapas timbang, paré dongdang, jeung sabangsana, alatan maranéhna pisan nu ngamalkeun téks-téks karuhun (kacaritaan) jeung ajaran para déwa (Déwasasana). Ieu tapsiran ogé nuduhkeun, yén nu dijamin tur diperhatikeun ku nu jadi raja Sunda téh lain sual wewengkonna, tapi jalma-jalma nu nyicinganana, nu harirup jeung ngahirupan dayeuhna séwang-séwang.
Sanajan kitu, aya kasus nu kapanggih dina Bujangga Manik (baris 25), nu perlu dipaluruh sacara husus.
25 saturun ti tungtung surung, satutasna lungsur ti tungtung mimbar,
ulang panapak ka lemah, sukuna napak kana taneuh,
kalangkang ngabiantara, kalangkangna mesat ka langit,
reujeung deung dayeuhanana, bareng jeung dirina,
mukakeun / panto kowari. Mukakeun lawang panto.
Dina conto di luhur mah dayeuhan karasa kurang merenah upama ditarjamahkeun penduduk (kota). Sanajan kitu, kecap dayeuhan dina ‘kalangkang ngabiantara, reujeung deung dayeuhanana’ nuduhkeun yén dayeuhan téh nyaéta nu mibanda kalangkangna, nu taya lian ti tokoh Bujangga Manik. Ieu kasus nuduhkeun fénoména kamekaran harti dayeuhan, nu sacara umum mah bisa dihartikeun ‘pangeusi (kota)’, tapi dina hiji kasus (Bujangga Manik) mah hartina leuwih lega ‘nu mibanda (kalangkang)’.
Sumbangan keur Kandaga Kecap Sunda Kiwari
Kecap dayeuhan penting dicatet jeroning kamekaran basa Sunda, tegesna tina basa Sunda Kuna kana basa Sunda Kiwari. Sacara morfologis jeung semantis talajak ieu kecap téh rada nenggang, ku sabab rarangkén tukang -an nu nuduhkeun personifikasi tina kecap barang. Perlu disalusur deui kecap-kecap samodél kieu, nu ngalaman prosés morfologis jeung semantis nu sarua.
Dina basa Sunda Kuna, nu kacatet deui nyaéta kecap tohaan sok sanajan kecap asalna kecap sipat toha, tapi ngawangun kecap barang nu mijalma (personifikasi) ‘jalma nu dipikolot’. Kitu deui kecap layon (tina layu+an) dina basa Sunda kiwari atawa layuan dina basa Sunda Kuna, sigana bisa ogé digundukkeun kana ieu kasus, nyaéta robahan kecap barang mijalma tina prosés morfologi ngararangkénan -an.
Upama dibandingkeun jeung basa deungeun mah, bawirasa kecap dayeuhan téh saharti pisan jeung kecap basa Inggris citizen, tina kecap asal city ‘dayeuh’, diwuwuhan ku rarangkén zen (tina basa Inggris pertengahan citeseyn, citezein). nu hartina ‘jalma nu nyicingan kota’. Lamun dina basa Prancis mah jadi citoyen, tina basa Prancis pertengahan cité (kota) jeung rarangkén –ain atawa –ian. Basa Prancis kirawi mibanda rarangkén –ien(ne) pikeun ngawadahanana, upamana indonésian (lalaki urang Indonésia), indonésienne (awéwé urang Indonésia).
Pamustunganana, kecap dayeuhan ogé bisa digunakeun, atawa copélna jadi bahan tinimbangan para ahli basa, pikeun narjamahkeun kecap basa Indonésia penduduk nu keur sakuringeun mah hésé ditarjamahkeunana kana basa Sunda. Da geuning para karuhun geus mibanda pakakas basa pikeun nerangkeun jalma nu nyicingan dayeuh, cukup ku dirarangkénan tukang -an, dayeuhan.
Mantes-la-Jolie, 6 November 2020,
Nu nulis, filolog naskah Sunda di Perpusnas RI