| Medal dina Manglé No. 2800 |
Katrangan ngeunaan tingkah perang dina Siksa Kandang Karesian (SKK) téh ayana dina lambaran ka 19 recto tungtung jeung 19 vérso awal. Dina dina édisi Atja sareng Saléh Danasasmita (1981):
Sugan hayang nyaho di tingkah prang ma: makarabihwa, katrabihwa, lisangbihwa, singhabihwa /19r/, garudabihwa, cakrabihwa, sucimuka, brajapanjara, asu maliput, merak simpir, gagak sangkur, luwak maturut, kidang sumeka, babah buhaya, ngali(ng)ga manik, lemah mrewasa, adipati, prebu sakti, paké prajurit, tapak sawetrik, sang hulu jurit tanya. /19v/
Pihartieunana mah kira-kira:
Lamun hayang nyaho laku jurit: makarabihwa, katrabihwa, … jsté, tanya Sang Hulu Jurit.
Dina paragraf di luhur, aya genep kecap nu ditungtungan ku kecap bihwa, jeung nu séjénna nu henteu ditungtungan ku ieu kecap. Dina ieu pedaran, nu baris dipaluruh nyaéta kekecapan nu ditungtungan ku bihwa. Ku kituna, kudu dipaluruh heula ma’na kecap bihwa.
Kecap bihwa henteu kapaluruh dina kamus basa Sunda kiwari. Dina data léksikografi Sunda Kuna nu nyampak di nu nulis, ieu kecap ogé ngan kapanggih dina Siksa Kandang Karesian. Ieu kecap téh saenyana kecap serepan tina Sangsekerta vyūha anu dina basa Jawa Kuna mah kapanggih dua varian, vyūha jeung byūha.
Makarabihwa téh tina kecap makara jeung bihwa. Ari makara tina basa Sangsekerta nu hartina hurang. Ana kitu mah makarabihwa téh hartina formasi hurang. Dina kasusastraan Jawa Kuna, ieu formasi nyampak dina kakawin Bhāratayuddha 13.24:
hetu śrī nṛpa Dharmasūnu maṅutus magĕlara makarabyūhâdbhuta
Dhṛṣṭadyumna Ghaṭotkacâgra ni supitnya makatutuka wīra Sātyaki
saṅ Mādryātmaja netra Pāndawasutā suṅuta saṅ Abhimanyu nāsikā
śrī Dharmātmaja tĕṇḍas aṅga walakaṅ para ratu tinata tĕkêṅ wugat
Pihartieunana:
Mangka Yudistira nitah wadya baladna ngagelarkeun formasi hurang nu éndah: Dhrstadyumna jeung Ghatotkaca di tungtung capitna, Sātyaki nu perkosa lebah sungut, para putra Madrī lebah panon, para putra Pāndawa lebah rurungka, Abimanyu lebah irung, Yudistira dina sirah, sarta lebah awak, tonggong, jeung buntutna raja-raja nu sailon.
Nu kadua, nu dibaca katrabihwa ku Atja jeung Saleh Danasasmita saenyana tina hiji aksara anu ilahar dibaca tra, tapi ogé henteu nutup kamungkinan dibaca ṭā (ta retrofléks, tingali gambar 1). Ku kituna, sim kuring maca kaṭābihwa. Ieu kecap teu nyampak dina kamus mana waé, jadi kudu dibenerkeun jadi sakatabihwa. Pilihan kadua nyaéta dibaca katrabihwa, tapi kudu dianggap serepan tina, atawa samaksud jeung, śakaṭabihwa.
Gambar 1. Kecap kaṭābihwa dina naskah Siksa Kandang Karesian
Kecap sakata téh serepan tina Sangsekerta śakaṭa nu hartina ‘karéta (kuda)’. Ku kituna sakatabihwa téh hartina formasi karéta kuda. Dina sastra Jawa Kuna, ieu formasi téh nyampak dina kakawin Rāmāyaṇa, lebah adegan wadyabalad Aléngka muru Hanoman.
Dinānan ikaṅ rākṣasānuṅ prawīra,
asiṅ tan surud riṅ musuh śūra sāra,
Ya muṅgwi harĕpniṅ rathānuṅ paṅĕṇḍas
Ṅaranyāhalĕp śākaṭabyūhanāma
Maranéhna enya-enya para raksasa nu gedé wawanén, nu henteu surud nyanghareupan musuh nu gagah jeung matak gimir. Maranéhna merenahkeun dirina séwang-séwang hareupeun karéta pikeun ngawangun garis hareup, ngagunakan nu disebut formasi karéta kuda (śākaṭabyūha).
Katilu, lisangbihwa. Kecap lisang mah asli basa Sunda Kuna sigana, da henteu kapaluruh dina Sangsekerta jeung Jawa Kuna. Ieu kecap ogé teu kapaluruh dina basa Sunda Kiwari. Ari dina basa Malayu mah disebutna linsang, sato sabangsaning ucing (Prionodon gracilis), meureun dina Sunda Kiwari mah kasebutna séro. Siga kumaha formasina, henteu kapaluruh tina sumber-sumber séjén, sigana mah méh sawanda jeung nu disebut luak maturun (careuh turun tina tangkal).
Gambar 2. Lisang (Prionodon gracilis) Sumber: wikimedia
Kaopat, singhabihwa. Ieu mah écés formasi prajurit mirupa singa. Dina kakawin Sumanasāntaka, hususna épisodeu Pangéran Aja nu dirempug ku tujuh raja, aya pituduh yén ieu formasi téh kaasup nu pangdipikagimirna. Disebutkeun yén para musuh pangéran nerapkeun formasi siṅhānganti guha byūha. Tegesna mah, ieu formasi téh kalintang dipikagimirna, da nepi ka jadi ancaman keur Pangéran Aja.
Kalima, garudabihwa. Dina kasusastraan Jawa Kuna mah nu digunakeun istilah sinonimna, khagendrabihwa (formasi garuda). Ieu ungkara kapanggih dina Kakawin Sutasoma 99.8 karangan Mpu Tantular,
khagendrabyūhānuṅ gĕlarira patuk bāṇa matĕguh,
hĕlar kānan śaṅkottara kiva muvah salva janaka,
ri tĕṇḍas saṅ vīrāpatih ika mahācūra suyaśa,
narendre pṛṣṭhāṅgĕhnira milu dhīra māya ri vugat.
Formasi prajuritna disebut formasi garuda, nu kongas Bāṇa mungguh dina pamatukna, dina jangjang katuhuna Śaṅka jeung Uttara, béh kiwana Salva jeung Janaka; lebah huluna mahamantri anu gedé wawanén, nu kacida perkasa sarta teu kurang-kurang kawentarna. Perenahna raja di tukang lebah buntutna, dibaturan ku Māya nu taya kagimir.
Kecap nu aya unsur bihwa nu pamungkas nyaéta cakrabihwa. Dina kasusastraan Jawa Kuna mah ieu formasi téh kagambarkeun dramatis pisan dina épisodeu gugurna Abimanyu (Kakawin Bharatayuddha pupuh 13) , waktu sang pangéran asup kana formasi cakra (cakrabyūha) nu dijieun ku Kurawa. Jayadratha nutupan jalan Pandawa, lir nutup gapura kadaton. Pamustunganana Abimanyu teu walakaya digempur ti ditu ti dieu, nepi ka nemahan pati.
Nu nulis, filolog naskah Sunda di Perpusnas