Beuteung téh bagian awak nu
pohara pentingna. Tempat jinekna dahareun atawa inuman. Lemesna lambut,
padaharan, atawa patuangan. Aya nu narik nu dicatet ku Danadibrata dina
kamusna. Sajaba ti harti nu ku urang geus lumrah dipikawanoh, Danadibrata
ngadaptarkeun harti wewengkon, nya éta ‘entas’. Beuteung ti Bandung hartina
‘entas ti Bandung’. Hanjakalna teu disebutkeun basa wewengkon mana éta téh.
Upama urang maluruh téks-téks
Sunda buhun, kecap beuteung ogé mibanda sababaraha harti. Harti nu kahiji sarua
jeung harti kiwari, minangka ngaran bagian awak. Jaman baheula, wanoja nu
dianggap geulis téh beuteungna rada montok, siga Déwi Raja Kabalahan, putri ti
Pasuketan. Cenah gé “Bogoh ku na jeneng putri, jembut awak kambuy beuteung”
‘kataji ku tuang putri, awak buluan beuteungna montok’ (CP. 283-84). Dina
téks Sang Hyang Sasana Maha Guru (SSMG.14), dina bagbagan
ngeunaan caturpasanta (opat sarana kadali), diécéskeun perkara
rupa-rupa panyakit, salasahijina nya éta nyeri beuteung, tajam beuteung, medu,
kawayaan, jeung sakur panyakit na jero beuteung (jeba beuteung). Déwa nu
ngageugeuh beuteung téh, dumasar naskah Pitutur ning Jalma mah,
Sang Hyang Linggut Bwana. Sacara harfiah mah linggut bwana téh hartina bwana nu
teu weléh obyag teu weléh usik. Meureun ieu ngaran téh teu bina jeung konsép
beuteung dina awak manusa.
Sajaba ti harti nu ilahar, kecap beuteung ogé
nuduhkeun harti bagian dina jero awak, lain lambut, tapi haté. Ieu konsép
téh kapanggih dina adegan Hayam Canggong basa nimu Déwi Sita dina saapan, inyana
ngarasa hélok, panasaran kana eusina: ‘Sadatang inya ka cai, datang ka
saapanana, téka nanjeur ngareungeueun, diheueum di dalem beuteung, rarasan di
jembawasa, lémék di na jero haté’ (Putra Rama jeung Rahwana, baris 335-340).
Boh beuteung, boh jembawasa, boh haté téh dina kontéks di dieu mah mangrupa
sinonim.
Pangmindengna mah ieu kecap téh nuduhkeun harti basa wewengkon
ceuk Danadibrata téa, ‘entas, enggeus, réngsé’, sok sanajan dina téks-téks
Sunda Kuna mah aya ma’na implisit ‘eureun’. Tingali baé adegan basa Bujangga
Manik ngarasa kataji ku awak kapal: beuteung bogoh ku sakitu, bogoh ku
nu mawa inya ‘entas kataji ku sakitu, (kuring) kataji ku nu mawana
(kapal)’. Pon kitu deui dina Kawih Pangeuyeukan: ‘ayeuna beuteung
nyanghu(n)jar, émok teher dikaré(m)bong’ ‘ayeuna réngsé nyanghunjar, laju émok
tuluy dikarémbong’.
Dina fragmén Carita Parahyangan (lambaran 42b & 39a) mah
rada écés yén ma’na beuteung téh leuwih deukeut kana
‘eureun’: Ti inya, beuteung nyieun manéh panghuma, beuteung panggerek,
beuteung panyadap, beuteung padagang; ku Sang
Wretikandayun diadegkeun: Sang Manguhukan diadegkeun Rahyangtang
Kulikuli, Sang Karungkalah diadegkeun Rahyangtang Surawulan, Sang
Katungmaralah diadegkeun Rahyangtangtang Pélésawi, Sang Sandanggreba diadegkeun
Rahyangtang Rawunglangit. ‘Ti dinya, eureun ngajadikeun dirina
panghuma, eureun jadi panggerek, panyadap, padagang; laju ku Sang Wretikendayun
dijadikeun: Sang Manguhukan dijadikeun Rahyangtang Kulikuli, Sang
Karungkalah dijadikeun Rahyangtang Surawulan, Sang Katungmaralah
dijadikeun Rahyangtangtang Pélésawi, Sang Sandanggreba dijadikeun Rahyangtang
Rawunglangit.
Nu jadi kapanasaran téh, naha sacara étimologis mah harti
beuteung nu jadi bagian awak manusa téh asalna mah tina harti ‘eureun’. Aya
kamungkinan ka dinyana mah, da basa harita momotoran ngaliwatan hiji lembur di
Cisééng Bogor, aya nu disebut lembur Cibeuteung. Numutkeun katerangan resmi ti
désa Cibeuteung Muara, cenah mah ieu ngaran téh dicokot tina basa Sunda, ku
sabab dayeuhanana (penduduk) masih ngagunakeun basa Sunda. Cibeuteung téh cenah
tina kecap ci jeung beuteung. Ci hartina cai,
beuteung hartina tempat sagala dahareun jeung inumeun, nu diala sarina pikeun
getih, daging, tanaga. Sok sanajan ieu téh konsép émik nu miboga lemburna, ana seug
dipikir mah, asa piraku pihartieunana ‘cai dina jero beuteung’ mah. Cibeuteung
téh meureun ‘cai eureun’, nuduhkeun tempat eureunna kamalir cai, méh sawanda
jeung lembur Cimalik, wewengkon tempat kamalir cai malik ka hulu cai. Saupama
ieu anggapan téh bener, bisa jadi ma’na beuteung dina bagian awak urang téh
tempat pengeureunan, tempat reureuhna sakur nu didahar jeung diinum ku urang,
saméméh dikaluarkeun deui kokotorna.
Pun. Leuwih luangan, kurang wuwuhan.