Artikel ‘na’ dina Basa Sunda Kuna

| Medal dina Manglé No. 2802 |

Aya hiji wangun morfologis nu tara kasebut dina ulikan basa Sunda, utamana basa Sunda Kuna, nyaéta artikel na. Dina basa Sunda Kuna, munculna na téh kacida remenna. Produktif pisan. Keur sakur nu nyarungsum téks-téks Sunda Kuna mah, unggal manggihan wangun /na/, kacida hésé nangtukeunana, naha na nuduhkeun rarangkén tukang -na, wangun singget tina dina atawa tina, atawa minangka artikel définitif. Bawirasa, nya ieu fungsi nu pamungkas nu méh teu katalingakeun ku para filolog jeung épigraf téh.

Dina Kamus basa Sunda kiwari, ukur Kamus Eringa (Soendaas-Nederlands Woordenboek, 1984) jeung R.R. Hardjadibrata (Sundanese-English Dictionary, 2003) nu nyatet perkara artikel na téh. Ieu di handap dicutat sacéréwélna tina Kamus Hardjadibrata:

na 5 (arch. dial.) (E.) a kind of defining article for nouns, etc. eg. na lutung dumahung dahung the black ape stared motionlessly ahead.

Eringa jeung Hardjadibrata nyatet ma’na na nu kalima, nu cenah ukur kapanggih dina basa arkais jeung dialék, hiji wangun artikel définitif pikeun kecap barang. Ku nu nyusun kamus dipapandékeun jeung artikel the dina basa Inggris. Nu dimaksud artikel dina linguistik nyaéta unsur kalimah nu ngawatesan kecap barang atawa ngobah ma’nana.

Keur ngamimitian ieu tulisan, tengetan ieu kalimah nu dicutat tina Bujangga Manik: dicokot na apus ageung ‘buku kandel dicokot’. Dina ieu kalimah, na henteu bisa dianggap rarangkén tukang -na atawa singgetan tina dina, tapi artikel nu miheulaan kecap apus ageung, ku sabab kecap dicokot mangrupa kecap pagawéan transitif.

Conto séjénna nu leuwih tétéla: nyeueung na bumi kancana ‘ningali gedong kancana’. Ieu kalimah téh kontéksna basa Sri Ajnyana unggah ka kahyangan, ningali kaayaan di sabudeureunana. Kecap nyeueung dina ieu kalimah téh transitif, udagananana (objékna) bumi kancana. Ku kituna, lain Sri Ajnyana keur nyeueung di bumi kancana, tapi nu dijeueungna bumi kancana.

Dina dua kalimah di luhur tétéla yén na teu bisa dianggap rarangkén tukang atawa wangun singget tina dina, tapi artikel mandeg mandiri nu perenahna di hareupeun kecap barang.  Sakumaha nu ditétélakeun ku Noorduyn jeung Teeuw (dina bukuna Three Old Sundanese Poems, 2006, wedalan KITLV), artikel na téh bisa muncul di antarana:

  • di hareupeun kecap barang nu umum:
    • mo nilik na huis putih ‘teu nilik bodasna huis’
    • mo nyasar na awak tuha ‘teu nolih awak geus kolot’
  • di hareupeun kecap barang nu dipiheulaan ku kecap katerangan milik tuang:
    • galusur na tuang ambu ‘indungna lumungsur (nuturkeun)’
    • marecut na tuang ramo ‘ramona lalentik’
  • di hareupeun ngaran jalma, bisa nu dipiheulaan gelar atawa henteu, contona:
    • adiing na Puspalawa ‘adi aing Puspalawa’
    • na Perebu Bibisana ‘Prabu Bibisana’
  • di hareupeun ngaran tempat:
    • Éta na bukit Patuha, ‘Éta Gunung Patuha’
    • Itu ta na gunung Raksa ‘Itu tuh Gunung Raksa’
  • Fungsi séjénna nyaéta ngajadikeun kecap nu disanghareupanana jadi kecap barang, contona:
    • Katineung na bibihari ‘kagagas mangsa bihari’
    • Sabuk wayang na pakéeun ‘sabuk wayang pakéeun’

Kabéhdieukeun, ieu artikel ogé kapanggih dina Carita Pantun. Geura wé, dina Lutung Kasarung, upamana, réa kapanggih artikel na nu dipiheulaan ku kecap pangantét ku, contona: dirawu ku na panangan, dikait ku na jariji, sok reuwas teuing ku na impian.

Nilik kamekaranana, jorojoy kapanasaran, boa-boa kecap dina atawa tina téh saenyana diwangun ku dua kecap, nyaéta préposisi jeung artikel, ku sabab artikel geus teu dipikawanoh deui, jadi dina jeung tina téh dianggap ngandung hiji unsur gramatikal baé, nyaéta kecap pangantét wungkul.

Sajaba dina basa Sunda Kuna, saenyana artikel définitif téh nyampak ogé dina basa sadapuran, nyaéta basa Jawa Kuna. Dina basa Jawa Kuna mah, artikel définitifna téh nyaéta /ng/, upamana tan hana ng dharmādharma ‘taya bebeneran jeung kajahatan’.

Mangpaat praktis

Naon atuh mangpaatna mikawanoh fungsi artikel na pikeun ulikan kabasaan Sunda Kuna? Tangtu gampangna mah mantuan panalungtik naskah pikeun nyarungsum téks nu disanghareupanana. Di handap ieu aya dua conto nu ngabuktikeun yén mekarna pangaweruh kabasaan Sunda Kuna téh baris ngaronjatkeun kualitas édisi téks-téks Sunda Kuna. Dua conto kalimah dicutat tina Amanat Galunggung, naskah gebang kropak L 632a, koléksi Perpusnas.

Kalimah 1

asing wruh iya ta wruh i na patingtiman, wruh di carék aki lawan buyut, marapan kita jaya prang heubeul nyowana.

“Sing saha nu nyaho dina aturan, weruh kana papatah aki jeung buyut, mangka manéh bakal jaya dina juritan, awét ngora.”

Kalimah 2

Iya tu husireunna janma i na bwana.

“Nya itu nu kudu dijugjug jalma di alam dunya téh.”

Dina dua kalimah Sunda Kuna ieu, aya kecap nu kudu diperhatikeun, nyaéta kecap i na. Ku suargina Pa Atja sareng Pa Saleh Danasasmita (1981) ieu kecap i jeung na téh diropéa jadi inya. Bawirasa, ieu kecap i na nu nyampak dina naskah teu perelu dianggap salah, ku sabab kecap i na dina kalimah di luhur saéstuna diwangun ku dua kecap anu béda, nyaéta kecap pangantét i nu asalna tina Jawa Kuno (hartina di, ka) dituturkeun ku artikel na.

Pun. Leuwih luangan kurang wuwuhan.

Nu nulis, filolog naskah Sunda di Perpusnas.

Updated: 22 Oktober 2020 — 15:11

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *