21 Pébruari geus ditetepkeun ku UNESCO minangka Poé Basa Indung Internasional (International Mother Tongue Day) pikeun miara basa-basa indung di sakuliah dunya sangkan teu ilang basa jeung panyaturna. Anu dimaksud basa indung téh nya éta basa anu pangmimina psian diajarkeun indung ka anakna. Nya pikeun urang sunda ku basa Sunda, Jawa ku basa Jawa, Jepang ku basa Jepangna, Arab ku basa Arabna jsté. Di Indonesia, basa indung ditangtayungan ku pasal 32 ayat 2 amandemén UUD 1945 anu nétélakeun yén basa daérah mangrupa kabeungharan budaya nasional ditangtayungan ku nagara. Atuh di Jawa Barat sorangan, basa daérah (baca:Sunda) ditangtayungan ku ayana Perda No. 5 taun 2003 ngeunaan pelestarian basa, sastra jeung aksara daerah.
Sumanget dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional (PBII) taun ieu nyatana ngagedur pisan di lingkungan Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Daérah (JPBD, Baca:Sunda) UPI. Dina prak-prakanana Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda (Hima Pensantrada) ngayakeun hiji aksi mangrupa helaran, poe minggu (21/02).
Dina aksina, mangpuluh mahasiswa mawa poster jeung spanduk anu eusina umajak ka balaréa sangkan maké basa Sunda jeung mikareueus basa Sunda. Pikeun narik simpati masarakat nu aya di sapanjang ruteu helaran diwuwuhan ku aksi mikeun replika kembang eros.
Lian ti éta, réa pintonan kasenian nu digelar ku para mahasiswa diantarana kakawihan jeung kaulinan barudak lembur kayaning oray-orayan, prangpring, ayang-ayanggung, trang-trang koléntrang jsb. Satuluyna aya pintonan calung anu matak ngajadikeun suasana beuki hégar. Pikeun aprésiasi kana sastrana, sababaraha urang mahasiswa maca sajak ngeunaan basa, sastra jeung budaya Sunda. Ogé aya pintonan téatrikal anu nyilokakeun kalindihna basa Sunda ku basa deungeun alatan leuwih gedé géngsina.
Ruteu ni dipaké béda jeung taun kamari anu dipuseurkeun di Gedung Saté. Taun ieu mah acara téh dimimitian ti balé kota Bandung terus ka BIP anu saterusna dipuseurkeun di simpang Cikapayang, Dago. Najan kitu, tina aksi nu geus dilakukeun éta cukup meunang perhatian ti sababaraha média boh citak boh éléktronik. Hal éta pisan anu dipiharep ku pupuhu aksi, Dadang Nasuha. Dadang nétélakeun yén sanajan dina ieu aksi rada méngpar tina target alatan waktuna nu kurang pas (poé minggu), tapi réa média anu nyorot kana ieu aksi téh.
Tina ieu aksi Dadang miharep bisa ngageuing deui masarakat Sunda pikeun make basa Sunda dina sagala widang kahirupan jeung ngajarkeun deui ka barudakna, “harepan tina ieu aksi mugia ngahudang jeung ngageuing deui masarakat utamana kaum nonoman sangkan maké basa Sunda dina sagala widang”, pokna.
Lian ti mahasiswa, Dingding Haérudin, M.Pd. (Pupuhu JPBD UPI), Dr.Ruhaliah, M.Hum. (Pupuhu Jurusan Pascasarjana Budaya Sunda UPI) jeung Dr. Tien Wartini (Dosén UNPAD) ilu biung dina ieu kagiatan. Hal ieu mangrupa bukti nyata ti lingkungan akademisi pikeun ngahangkeutkeun deui basa Sunda.**iNs