Variasi Bentuk Font Aksara Sunda

Perkembangan desain bentuk aksara Sunda (yang telah dibakukan) cukup pesat dan digunakan dalam berbagai keperluan seperti plang jalan, nama gedung, desain T-shirt, air brush, lukisan, kaligrafi dan lain-lain. Penerapan aksara Sunda tersebut sebagian besar dilakukan secara manual (digambar) baik dengan tangan atau dengan software pengolah gambar (Corel Draw, Photoshop dll), yaitu dengan menggambar langsung bentuk aksara Sunda tersebut. Memang tidak menjadi kendala jika peruntukannya hanya sebatas desain grafis. Namun ketika kita berhadapan dengan teknik input karakter untuk keperluan pengetikan, tentu karakter-karakter tersebut harus mampu tampil dengan baik dan efektif.

Font aksara Sunda sendiri dalam perkembangannya memiliki beberapa bentuk, diantaranya mulai dari bentuk sederhana rintisan Kang Dian Tresna hingga akhirnya dibuatlah bentuk standar untuk Unicode oleh tim Unicode Aksara Sunda.
Adapun bentuk font yang telah ada yaitu;

Ngalgena.ttf (rintisan)
Photobucket
(baca, kasundaan)

PakuanLatin.otf
Photobucket

SundaneseUnicode.ttf (standar)
Photobucket

Setelah peluncuran Font Unicode Aksara Sunda (sundaneseunicode.ttf) sepertinya belum muncul lagi font-font baru (setidaknya di internet). Oleh karena itu saya berusaha untuk mempelajari tipografi khususnya aksara Sunda dan membuat beberapa font aksara Sunda dengan style baru. Dalam pembuatan font tersebut tentu saja hasilnya belum sempurna, namun kiranya itu cukup memberi khasanak baru dalam font aksara Sunda. Font yang dimaksud adalah Asmarandana.ttf dan Kandaga.ttf, kedua font ini baru dimasukkan ke dalam slot keyboard Latin-1.

Asmarandana.ttf
Photobucket

Kandaga.ttf
Photobucket

Kedua font ini telah dimuat dalam situs khusus untuk aksara Sunda di http://jamparing.sytes.net/aksara/ dan dapat diunduh secara gratis (freeware).
Selain dari beberapa font yang telah beredar luas, masih terdapat beberapa rancangan lain dan masih dalam tahap pengembangan, diantaranya;

Kalakay,
Photobucket
(baca, kasundaan)

KaGaNGaBold,
Photobucket

SangkuriangSunda
Photobucket
(baca, wanoh ka diri)

Pengembangan font ini tentunya memerlukan dukungan moril dan materil dari pihak-pihak (perorangan/lembaga) yang berkepentingan dalam pengembangan font aksara Sunda, sehingga rancangan font-font tersebut dapat segera disebarkan dan dipakai oleh para pengguna komputer serta menambah kekayaan bentuk font aksara Sunda.

Author Avatar
Ilham Nurwansah

Admin Kairaga.com. Tulisan-tulisannnya dimuat di surat kabar dan majalah. Ilham sering diundang sebagai pemateri seminar maupun workshop tentang naskah dan aksara Sunda. Selain itu, ia juga merupakan pemerhati naskah dan aksara Nusantara dalam dunia digital. Baca juga tulisan-tulisannya yang lain di blog inurwansah.my.id.

Suka dengan konten Ilham Nurwansah ? Kamu bisa memberikan dukungan dengan mentraktir kopi atau bagikan konten ini di media sosial.

10 comments and 7 replies
  1. kang dupi ngadonlod font na tos teu aya deui nya? anu di 4shared tos teu iasa di donlod

    15 Sep 2011 at 16:45 Reply
  2. gening tos aya gambarna kang?

    12 Agu 2011 at 13:24 Reply
    1. iNs

      muhun eta mung screenshot conto wungkul…

      22 Agu 2011 at 05:59 Reply
  3. punten tambahan, sunda mah lain suku bangsa tapi nami suatu sistem lamun aslina mah anu ngajarkeun sunda teh ti bangsa lemuria atawa MU, suku tertua di bumi anu tinggal di Indonesia… info lebih lanjut cek di wikipedia,youtube dll tentang lemuria.
    keturunan lemuria terakhir anu ayeuna dikenal jadi urang sunda teh.

    11 Agu 2011 at 11:25 Reply
  4. kang, aya font asli sunda namina font lemuria,lewih kolot kusabab ieu mah font dina 40000 th SM anu diajerkeun ku arki tirema/atawa raja pertama sunda ti salaksanagara. font iye lebih kolot dibanding font anu akang/teteh tos pake.

    latin lemuria
    http://www.ziddu.com/download/16007787/angkasalem.rar.html

    arab lemuria
    http://www.4shared.com/file/PR4XHRyV/Font_Lemurian_untuk_karya_Sast.html

    kedahna huruf sunda mah kanan ka kiri jiga huruf arab, soalna tulisan sunda anu asli mah akar huruf kabeh tulisan anu aya di bumi.

    info lebih lanjut tentang arkitirema/aki tirem

    http://buku.kaskusmarket.com/2011/05/22/664/jual-novel-arkhytirema-menguak-sejarah-yang-terkubur/

    11 Agu 2011 at 11:19 Reply
    1. iNs

      mhun leres pisan ari aksara lemuria mah tangtos langkung kolot tibatan aksara sunda. numawi seueur aksara-aksara anu langkung kolot ti aksara Sunda nyalira. aksra Sunda anu janten ciri jati diri urang sunda numutkeun cutatan bukti nu tos aya nya aksara nu aya dina prasasti di Jawa Barat sareng titilar naskah-naskah buhun Sunda. tah leres pisan perkawis huruf lemuria mah t kanan ka kiri… tapi aksara nu sumebar di nusantara mah kawitna sanes cabang langsung aksara lemuria tapi tina aksara Pallawa atanapi tina cakalna Brahmi (tiasa ditingali di: http://id.wikipedia.org/wiki/Aksara_Nusantara kanggo gambaranana mah). tapi teu nutup kamungkinan hasil panalungtikan-panalungtikan nu langkung mutakhir tiasa ngabuktoskeun eta hal perkawis asal-usul aksara.
      buktos nu nyampak
      -upami leres aksara nu kantos dianggo ku salakanagara teh aksara lemuria, naha atuh buktos tinulisna teu nyampak? tapi nu seueur di nusantara mah nyaeta katurunan-katurunan aksara Brahmi.
      -cobi uningaan deui buku kamus Linguistik karya Harimurti Kridalaksana anu ngamuat ‘tangkal aksara’ di dunia. di dinya ebreh pisan ti mana cikal bakalna aksara sunda.
      -perkawis aki tirem di Sunda memang teu acan aya buktos tinulis nu lengkep ngabahas eta, mung aya kacutat dina Naskah Pangeran Wangsakerta anu nyebatkeun kungsi aya karajaan Salakanagara anu rentang taunna kira-kira samemeh taun 200 M (http://su.wikipedia.org/wiki/Salakanagara). upami leres aki tirem hirupna kira-kira taun 4000 SM, naha asa gayor teuing sareng mangsa salakanagara?
      -arkityrema anu dimaksad ku salira teh naha leres anu dimaksad dina naskah Wangsakerta? upami leres, aya bukti-bukti pendukungna teu?, tangtos minangka kaum terpelajar urang kedah nalungtik kebenaran suatu informasi, naha bet kitu? margi sumber rujukan nu dianggo ku salira wangunna ‘novel’ anu mangrupi karya sastra… numutkeun kaelmuan kasajarahn, sastra teu tiasa dijantenkeun sumber primer pikeun nangtukeun hiji kajadian. dina hal ieu hususna, dipakena aksara lemuria ku urang Sunda buhun.
      Lemuria di Indonesia
      -seueur panalungtikan mutahir nu nyebutkeun yen Indonesia (asia tenggara) teh nyaeta ”the lost continent” atawa benua yang hilang, dina istilah lian disebut atlantis atawa lemuria (http://atlantissunda.wordpress.com/2010/11/23/indonesia-qq-nusantara-dh-sundaland-atlantis/), ieu ngandung hartos yen kamungkinan peradaban dunia asalna dimimitian ti Sundaland.

      Sunda atawa Lemuria?
      urang ragap deui ka diri, naha urang teh hirup dina mangsa 4000 SM atanapi di mangsa kiwari, naha urang teh urang lemuria? atanapi urang Sunda? naha urang bade nganggo aksara lemuria? atanapi aksara Sunda? minangka kareueus jatidiri urang Sunda kiwari. Lemuria memang luhung kabudayaanana numutkeun cutatan-cutatan ti para ahli, namung naha uran baris ngagungkeun kabudayaan luhung tapi geus teu aya dikieuna? atanapi urang majukeun kabudayaan Sunda sangkan jadi kabudayaan anu pangluhungna saalam dunya siga kabudayan Lemuria kapungkur?…

      numutkeun pangrasa simkuring mah, urang tangtos kedah reueus ka Sunda kiwari, da bongan urang lahir dina jaman Sunda, sanes Jaman Lemuria. sanes kitu?

      hatur nuhun informasi perkawis aksara lemuriana, kanggo pisan.
      baktos,
      Ilham N.

      22 Agu 2011 at 06:29 Reply
      1. nya urang lahir di jaman anu sanes lemuria. sejarah lemuria asli tos diganti ku sejarah-sejarah anu kuurang terang ayeuna. nepika teknologi n peninggalanna oge tos dilengitkeun. padahal teknologi atawa peninggalan jaman eta teh luhur pisan dibanding jeung ayeuna mah.

        saleresna sunda teh ngahiji jeung islam dinu tulisan jeung ajaran sopan santun jeung sajabana. tapi ajaran anu urang terang mah seerna sunda teh aya serepan ti hindia. jadi urang mah sanes maju tapi mundur.

        urang terangna salakanagara teh ti catatan india kusabab demawarman teh orang india anu nikah jeung keturunan aki tirema,anehna peradaban atawa catatan sejarah muncul supados aya orang hindia ka indonesia tapi sejarah awal indonesia/salksanagara/lemuria teu aya anu terang. lemuria sendiri baru kateliti ku catatan wangsa maya/aztek anu diteliti ku urang barat. jadi sejarah leluhur urang teh tos lengit/atawa dilengitkeun.

        ieu aya artikel http://nurahmad.wordpress.com/wasiat-nusantara/uga-wangsit-siliwangi/

        keturunan terakhir sunda anu nguasaan teknologi lemuria nyaeta pajajaran:
        “Pajajaran hilang dari alam nyata. Hilang kotanya, hilang negaranya. Pajajaran tidak akan meninggalkan jejak, selain nama untuk mereka yang berusaha menelusuri. Sebab bukti yang ada akan banyak yang menolak! Tapi suatu saat akan ada yang mencoba, supaya yang hilang bisa diteemukan kembali. Bisa saja, hanya menelusurinya harus memakai dasar. Tapi yang menelusurinya banyak yang sok pintar dan sombong. dan bahkan berlebihan kalau bicara.”

        urang kudu nelik deui ka jaman kiwari atawa jaman awal manusia indonesia/atawa manusia awal di bumi ameh urang terang naon wae anu tos lengit/atawa dilengitken, jeung urang terang mana anu bener/salah dina sajarah teh. kusabab sajarah mah ditulis ku jalmi anu menang perang.

        lamun tos sejarah kaangkat deui anu aslina urang bisa nerapken kabudayaan teh langkung sae. contohna font lemuria: font lemuria eta kanan ka kiri siga arab eta oge aya maksad ameh otak urang maca sesuai sunatulloh sehingga otak urang teh jadi pinter, harampang mun mikir jeung naon wae anu tos dibaca mudah diterapkeun. lamun urang maca kiri ka kanan bade maca sabaraha buku kandel oge moal matak pinter anu aya oge saukur hapalan atawa teu nerap.

        makana urang arab abad awal setelah nabi wafat eta dijadikeun jaman2 keemasan di kerajaan islam teh kusabab anjeuna pararinter siga ibnu sina,alkemi dll. eta teh urang baru muka arti/sejarah maca kanan ka kiri teu acan peradaban asli anu saneshna. teu acan 1% anu bisa kasuat2 deui. nuhun

        22 Agu 2011 at 08:34 Reply
        1. iNs

          Abdi sapagodos pami ngeunaan Sunda minangka kabudayaan luhung anu pangheulana di dunya numutkeun pamendak teori Lemuria/Atlantis. Hal ieu didukung ku hasil panalungtikan nu dipedalkeun dina buku Eden in The East. Di dinya ebreh pisan yen Sundaland mangrupa hiji buana anu mibanda kabudayan luhung ti 8000 taun samemeh masehi, jauh ti samemeh kabudayaan Yunani, Mesopotamia (cikal baka kabudayan Arab), atawa Romawi kuna. Ngan hanjakal bukti-bukti arkeologisna tacan bisa sakumna kapaluruh sabab “cenah” aya di jero laut? Ngan memang aya hiji bukti arkeologis di lembur simkuring di Cianjur nyaéta Situs Gunung Padang anu ceu k para ahli mah umurna leuwih ti 4000 taun. Alatan kitu tangtu urang kedah nungguan deui hasil panalungtikan para ahli pikeun ngabuktikeun yen Sunda enya-enya bangsa di dunya nu mimiti.
          Pikeun waleran salira dina ieu komentar, simkuring baris mairan deui.

          nya urang lahir di jaman anu sanes lemuria. sejarah lemuria asli tos diganti ku sejarah-sejarah anu kuurang terang ayeuna. nepika teknologi n peninggalanna oge tos dilengitkeun. padahal teknologi atawa peninggalan jaman eta teh luhur pisan dibanding jeung ayeuna mah.
          Naha leres tos diganti (ku hiji pihak) atanapi akibat bencana global? contona cairna es di kutub utara atawa bituna gunung Krakatau purba?(numutkeun buku Eden in The East & Atlantis). Memang numutkeun cutatan Plato 6000 taun ka tukang yén jauh di nagri wetan aya kabudayaan luhung, kayaning pakakas nyimpen energi (listrik), mun kiwari mah mungkin siga batre atawa aki, teras aya oge jelema nu bisa gapung, oge pakakas tani nu maju pisan jrrd. upama dibandingkeun jeung kabudayaan di Yunani harita. Tapi teu acan tangtu bisa dibandingkeun jeung jaman ayeuna…. naon nu baris dijadikeun bandinganana? Naha aya media peangbandingna?

          saleresna sunda teh ngahiji jeung islam dinu tulisan jeung ajaran sopan santun jeung sajabana. tapi ajaran anu urang terang mah seerna sunda teh aya serepan ti hindia. jadi urang mah sanes maju tapi mundur.
          Numutkeun cutatan tarekh Islam, Islam nyalira disampurnakeun ku nabi Muhammad sabada sakumna wahyu Al-Qur’an turun, hartosna munculna Islam minangka agama nu maneuh kalawan istilah “Islam” nya di jaman nabi Muhammad (622 M). Ana pon di jaman samemehna mah teu disebut Islam tapi langkung nyebutna minangka agama Alloh atawa tauhid ka hiji ‘tuhan’.
          Memang pangaruh kabudayaan jeung agama ti India kuat pisan tapi teu sakumna ngarobah kapercayaan jeung ageman urang Sunda di jaman harita (hindu-budha). Numutkeun para panalungtik sajarah kasundaan mah, dewa-dewa dina kapercayaan Hindu posisina tetep di sahandapeun ‘tuhan’-na urang Sunda buhun, nyaéta Hyang.
          Maksadna maju/mundur teh kabudayaanana? Tangtos rea pisan hal-hal anu mangaruhan kana kaayaan kabudayaan Sunda ti mangsa ka mangsa, teu aya ukuran anu baku pikeun nangtukeun maju-mundurna hiji kabudayaan sabab aspek kabudayaan teh kalintang legana, ngan sahenteuna mungkin tina widang ekonomi-tekhnologi-filsafat-bahasa jsb. Mungkin upama dibandingkeun sacara langsung (diwangwang) mah; upama urang Sunda jaman Hindu-Budha diréndéngkeun jeung urang Lemuria (anu numutkeun katerangan pohara majuna) numutkeun katerangan bangsa Yunani Kuno, hal éta teu kitu waé bisa dibandingkeun sacara langsung. Naon anu jadi aspek pangbandingna?

          urang terangna salakanagara teh ti catatan india kusabab demawarman teh orang india anu nikah jeung keturunan aki tirema,anehna peradaban atawa catatan sejarah muncul supados aya orang hindia ka indonesia tapi sejarah awal indonesia/salksanagara/lemuria teu aya anu terang. lemuria sendiri baru kateliti ku catatan wangsa maya/aztek anu diteliti ku urang barat. jadi sejarah leluhur urang teh tos lengit/atawa dilengitkeun.
          Kaguarna hiji sajarah tangtos kedah aya bukti otentik sejarahna, minimal catetan sekunder nu nyaritakeun hiji kajadian dina mangsa katukang. Kecap sajarah nyalira hartina ‘tangkal’ jeung sagala analogina. Anapon dina istilah basa Indonesia sajarah ngandung harti umum ‘peristiwa setelah jaman tulisan’, jadi Salakanagara jeung Lemuria mah teu kaguar soteh alatan taya bukti tinulis nu nyampak di tatar Sunda, nu matak teu diguar tina jihat sawangan sajarah tapi langkun ku kaelmuan arkeologi, siga anu dituliskeun dina buku Eden in The East.
          Perkara hubunganana bangsa Lemuria/Atlantis ogé aya téori nu dijelaskeun dina buku Eden in The East nyaéta nalika Sundaland (buana Sunda) keur dina magsa kajayaanana kalawan mibanda kabudayaan jeung kamajuan tehnologi anu luhung, aya tilu kajadian “banjir raksasa” dina 10.000 SM jeung 8.000 SM nyaéta naékna cai laut kana lével nu teu biasa (150 m) akibat leehna es di kutub utara. Alatan penduduk Sundaland kudu tetep bertahan, nya tuluy maranéhna nyebar ka pulo-pulo sakuliah dunya. Kapuloan nu deukeut nyaéta pulo-pulo nu kiwari disebut Asia tenggara, Srilanka, Jepang. Anapon nu jarauhna, pangeusi Sundaland téh bisa nepi ka benua anyar, kayaning kapuloan Madagaskar, India, Tigris (mekar jadi kabudayana Messopotamia), Selandia Baru (sawareh ka Australia) kapuloan pasifik, jeung ka benua Amérika (mekar jadi kabudayaan Aztec, Inca, Machupichu, Maya jrrd). Jadi memang mungkin aya hubungan anu kuat antara kajadian ‘ngungsi’-na pangeusi Sundaland harita jeung titilar carita di bangsa Aztec/Maya perkara kabudayaan Lemuria/Atlantis/Sundaland.

          ieu aya artikel http://nurahmad.wordpress.com/wasiat-nusantara/uga-wangsit-siliwangi/
          keturunan terakhir sunda anu nguasaan teknologi lemuria nyaeta pajajaran:
          “Pajajaran hilang dari alam nyata. Hilang kotanya, hilang negaranya. Pajajaran tidak akan meninggalkan jejak, selain nama untuk mereka yang berusaha menelusuri. Sebab bukti yang ada akan banyak yang menolak! Tapi suatu saat akan ada yang mencoba, supaya yang hilang bisa diteemukan kembali. Bisa saja, hanya menelusurinya harus memakai dasar. Tapi yang menelusurinya banyak yang sok pintar dan sombong. dan bahkan berlebihan kalau bicara.”

          Manawi aya nu terang iraha Uga Wangsit Siliwangi mimiti ayana? Naha saméméh aya Pajajaran, atanapi sabada aya karajaan Pajajaran? Numutkeun analisa simkuring mah éta uga téh ayana sabada ngadegna Pajajaran pikeun pesen ka katurunan-katurunanana jaga. Ngan dina éta uga (sabada dibaca salengkepna) taya nu nandakeun yén Pajajaran katurunan ahir bangsa Lemuria. Pan numutkeun éta uga oge “Bisa saja, hanya menelusurinya harus memakai dasar”. Dupi dasar matalikeun uga sareng kabudyaaan Lemuria téh palih manana? Margi tos jelas ari kabudayaan Pajajaran mah ‘beuratna’ kana kabudayaan Hindu ti India nu diserep ku Urang Sunda Harita.

          urang kudu nelik deui ka jaman kiwari atawa jaman awal manusia indonesia/atawa manusia awal di bumi ameh urang terang naon wae anu tos lengit/atawa dilengitken, jeung urang terang mana anu bener/salah dina sajarah teh. kusabab sajarah mah ditulis ku jalmi anu menang perang.
          Numawi da ari sajarah mah cutatan ‘rélatif’ hartina teu sakumna bener, saha nu apal bener atawa salahna? Da naon-naon anu ku urang (boh simkuring boh salira) dibahas ieu téh bener atawa salah. Saha nu nangtukeun bener salahna? Naon alesanana? Kumaha ngukurna?

          lamun tos sejarah kaangkat deui anu aslina urang bisa nerapken kabudayaan teh langkung sae. contohna font lemuria: font lemuria eta kanan ka kiri siga arab eta oge aya maksad ameh otak urang maca sesuai sunatulloh sehingga otak urang teh jadi pinter, harampang mun mikir jeung naon wae anu tos dibaca mudah diterapkeun. lamun urang maca kiri ka kanan bade maca sabaraha buku kandel oge moal matak pinter anu aya oge saukur hapalan atawa teu nerap.
          makana urang arab abad awal setelah nabi wafat eta dijadikeun jaman2 keemasan di kerajaan islam teh kusabab anjeuna pararinter siga ibnu sina,alkemi dll. eta teh urang baru muka arti/sejarah maca kanan ka kiri teu acan peradaban asli anu saneshna. teu acan 1% anu bisa kasuat2 deui. Nuhun

          Ngabandingkeun kabudayaan mung kana hiji hal (font) mah raraosan asa heureut teuing, margi ari aksara mah mung hiji aspek téknis tina kabasaan dina kabudayaan hiji bangsa. Naha tos aya nu nalungtik perkawis relevansi sistem tulis RTL (right to left) dibandingkeun jeung sistem tulis LTR (left to right) kana kapinteran jeung aplikasi hal-hal nu tos dibaca? Naha pinterna Ibnu Sina, alkemi jrrd. téh kabuktian pinterna alatan bahan bacaanana anu ti kanan ka kiri? Atanapi aya hal-hal lianna nu patali sareng sosial-politik jeung tujuan penyebaran Islam harita?
          Aya peradaban anu cukup maju sanajan teu ngalarapkeun aksara kanan ka kiri, diantarana Yunani kuno, Romawi kuno, Jepang kuno jeung Cina kuno.
          Cag.

          25 Agu 2011 at 22:38 Reply
  5. Punten upami rek download kagangabold dimana nya, hatur nuhun sateuacanna.

    10 Agu 2011 at 10:57 Reply
    1. iNs

      teu acan dirilis font eta mah kang.

      11 Agu 2011 at 10:05 Reply
  6. 11 Mei 2011 at 09:44 Reply
    1. iNs

      hatur nuhun.

      11 Mei 2011 at 21:58 Reply
  7. rheka s. Permana

    kuring ngarasa bungah ku ayana program sosialisasi aksara sunda, mun diidinan kuring ngusulkeun parobihan tanda/rarangken aksara sunda kangge tanda pamaeh, margi tanda pamaeh nu aya ayeuna numutkeun pamikiran kuring rada rumit/kirang sederhana, kumaha lamun tanda pamaeh disederhanakeun cukup ngangge “tanda garis()” di kanan atas aksara ngalagena (punten basa sunda kuring kirang pasih). Salian ti eta, kangge tanda vokal “u” cekap ngangge tanda vokal “e” (pepet) anu dibalik/nangkub. Kitu oge tanda vokal “e” (nu aya dihareupeun aksara ngalagena cekap ngangge “tanda garis dua (\) leutik” diluhureun aksara ngalagena

    04 Feb 2011 at 14:57 Reply
  8. usro sunarto

    kodrat sunda nepi binasa !

    03 Feb 2011 at 11:47 Reply
  9. sunda nepikeun karuhun maot

    03 Okt 2010 at 00:14 Reply
  10. Pendil

    Kang,
    Aksara2 eta tiasa di download dmn?
    nyuhunkeun link-na atuh…

    Hatur nuhun

    05 Okt 2009 at 16:18 Reply
    1. iNs

      Tiasa diunjal di dieu (sangkuriangSunda.ttf) sareng di dieu (KandagaUnicode.ttf). Kanggo Aksara Sunda Standar Unicode tiasa diunjal ti Kang Dadan Sutisna atanapi ti dieu

      05 Okt 2009 at 20:44 Reply

Leave a Comment

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *