
Plang jalan UPI
Geus sababaraha minggu katompernakeun aya tetenjoan anu beda di lingkungan kampus UPI, manahoreng aya nu robah dina plang jalan anu nanceb di unggal parapatan jeung pengkolan di jero kampus. plang hejo anu asalna ditulis ngan ku aksara latin hungkul (geus barutut deuih) kiwari diganti ku plang make dua tulisan nyaeta huruf latin di luhurna jeung aksara sunda di handapna, siga plang jalan di kota Bandung.
mudah-mudahan we jadi media pikeun diajar maca huruf Sunda.