Saya mencoba menulis kembali kisah Sunda Kuna yang luar biasa, Carita Purnawijaya, dalam bentuk fiksimini. Tentu ini bukan cerita yang sesungguhnya dan jauh lebih buruk dari aslinya. Ini hanyalah interpretasi saya dalam rangka “ngawawaas” cerita tersebut. He he.
Om Na Mo Siwaya. Om Na Mo Budhaya. Satutas meunang piwejang ti Kunjarakarna jeung Bodhisatwa, Purnawijaya ngarasa linglang. Caang. Najan keur hirup di dunya lamokot ku dosa, Bodhisatwa méré berkah, hukuman Purnawijaya dikurangan. Ukur tujuh poé diléob dina kancah Naraka. Ku sabab meunang berkah, basa Purnawijaya mimiti anjog lebah gapurana, naraka téh teu karasa héab-héabna. Tihang gapura nu tadina ngabebela, salin jinis jadi tuturus, jadi pepelakan nu ngarandakah. Sup ka jerona, angin ririh karasa nyecep kana lelembutan, héjo lémbok tatangkalan. “Haha! Ngan sakieu geuning naraka téh!” Pokna. Kancah naraka ditalapung nepi ka nangkub, silalatuna kawas sarébu cicika nu digebahkeun, ranté nu nyangkalak sakur nu disiksa diudaran, dibeulitkeun ka Sang Yama, déwa naraka. “Bébas euy!” Raéng jalma tingjorowok. Naraka burak barik. Kari ruhayna. Purnawijaya ngiles biheung ka mana. Naraka narikolot, ditinggalkeun kabur jalma-jalma nu betah kénéh di alam dunya.
Pustakawan dan kurator naskah di Perpustakaan Nasional (Perpusnas). Fokus penelitiannya adalah teks-teks Sunda Kuno & Jawa Kuno. Menyelesaikan studi master di bidang teks dan linguistik di Institut National des Langues et Civilisations Orientales (INALCO, Paris) (2016). Saat ini sedang studi S-3 di École Pratique des Hautes Etudes (EPHE, Paris) dalam rangka proyek DHARMA dengan beasiswa dari EFEO Paris.
Jadi panasaran, Kang. Adakah transliterasi naskah aslina? Hehe