Aksara Sunda anu kiwari geus dibakukeun pikeun dipaké deui dina hirup kumbuh urang Sunda, dina lalampahanana lain teu manggih kahéngkéran. Sababaraha hal anu réa dipadungdengkeun nya diantarana masalah wangun aksara anu dirubah tina wangun aslina (Sunda kuna) jeung éjahan aksara Sunda (utamana dina ngalarapkeun basa asing).
Nepi ka danget kiwari, kuring tacan meunang pamanggih anu merenah pikeun alesan dirubahna wangun aksara Sunda kana wangun “anyar” ieu, nyatana ku para ahli, cenah. Lamun rék disalusur téa mah kudu ngalibetkeun sababaraha ahli aksara Sunda (paleograf/filolog) pikeun maluruhna. Ngan cék pamanggih kuring mah, naha henteu maké aksara Sunda (kuna) baé atuh salila masih kénéh bisa dipaké pikeun alam kiwari mah? Naha bet kudu dirubah wangunna sagala?
Keun, urang simpen heula hal éta mah…
Sabada aksara Sunda baku (wangun anyar) geus medal turta beuki lega pamakéna dina komputer sabada didaptarkeun ka Unicode Consorsium, urang Sunda geus mimiti wanoh jeung mibanda rasa reueus kana aksara Sunda. Dina makéna, alatan ku rasa reueus téa, aksara Sunda dipaké kana sagala hal, pikeun ngungkarakeun moto, slogan, ngaran organisasi, babasan, sajak jrrd. Malah mah nepi ka aya nu dilarapkeun kana slogan kekecapan asing (basa Inggris, Jepang, jsb.), bakating ku reueus téa!
Aksara Sunda kiwari mibanda 53 wangun aksara nya diantarana 7 vokal mandiri, 6 panyora (vokalisasi), 7 pangwirahma, 10 pangwilang (angka) jeung 23 konsonan. Hal ieu diluyukeun jeung dipakéna aksara latén dina basa Sunda mutahkir (modern) nu dina entri basana ngamungkinkeun diserepna kecap-kecap basa tina basa asing. Aksara latén anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sunda kiwari mibanda 7 vokal, 23 konsonan, jeung 10 angka.
Diasupkeunna wangun anyar (varian wangun heubeul) pikeun huruf f, v, q, x, jeung z, sotéh, maksud nu ngararancangna mah sangkan aksara Sunda téh bisa dipaké pikeun nuliskeun kecap-kecap basa asing, nu antukna bisa dipaké kana widang kaélmuan (ilmiah). Ngan, nalika kuring ningal conto ngalarapkeun anu cék kuring mah rarasaan kurang merenah, sigana perlu aya hiji sawangan pikeun medar sarta ngaluyukeun jeung kaidah kabasaan (cara ngawangun kecap serepan) dina Basa Sunda pikeun nuliskeun aksara Sunda.
Tah, ayeuna urang paluruh masalah nalika aksara Sunda dilarapkeun kana kecap-kecap basa asing atawa serepan tina basa asing.
Kasus Basa Inggris
Coba tengetan kecap ieu di handap:
Facebook is one of the social network
Umpama ditulis ku aksara Sunda:
ᮖᮎᮨᮘᮧᮇᮊ᮪ ᮄᮞ᮪ ᮇᮔᮨ ᮇᮖ᮪ ᮒᮠᮨ ᮞᮧᮎᮤᮜ᮪ ᮔᮨᮒᮝᮧᮛᮊ᮪
Naon anu salahna?
Tina wangun tulisan mémang siga nu taya masalah, sabab langsung ngarubah wangun aksara latén kana aksara Sunda (transliterasi) kalawan gembleng. Tapi, nalika dibaca hasil sora tina wangun aksara Sunda,
Dibacana jadi:
/fácәbo?ok is onә of tәh social network/
Sakuduna mah dibaca:
/feisbuk is wán of thә sowsyәl network/
Tangtu ieu jadi hal nu matak pikaahéngeun pikeun nu maca saumpama teu apal kecap asalna mah, komo pikeun nu can kungsi diajar basa Inggris mah. Maksudna, ari dina basa Sunda mah, aksara téh mangrupa wawakil sora atawa lambangna sora. Naon anu diucap, éta nu ditulis. Kitu deuih sabalikna, nu ditulis kudu bisa diucapkeun kalawan bener (sarua jeung nu ditulis).
Pan ari basa-basa asing mah, basa Inggris contona, sok sakapeung aya aksara nu ditulisna kieu, tapi dibacana kitu. Contona baé, book dibaca /buk/, bright dibaca /brait/, spike dibaca /spaik/. Keun ari basa Inggris mah da kitu ti ajalina meureun. Tah ayeuna kumaha atuh ari nuliskeun basa asing kana aksara Sunda?
Ditulis sagemblengna nuturkeun susunan huruf asalna, nya siga conto di luhur téa.
Pilihan kadua:
Sangkan tina aksara Sunda bisa dibaca kalawan sora nu bener bisa maké kaidah pikeun nyerep kecap basa asing kana basa Sunda. Pikeun référénsina bisa maké buku Palanggeran Éjahan Basa Sunda pedalan Sonagar Press (jurusan Pendidikan Basa & Sastra Sunda UPI-Bandung).
Carana nya éta:
1. basa asing anu diserep diluyukeun kana lafal Sunda.
contona:
computer jadi komputer
HP (handphone) jadi hapé
Facebook jadi fésbuk atawa pésbuk
Hal ieu téh lumaku ogé dina basa-basa lian di dunya pikeun nyerep basa asing kana basana séwang-séwangan kalawan dicocogkeun (diluyukeun) jeung cara ngalafalkeunanan.
2. basa asing nu diserep tuluy ditulis ku aksara Sunda luyu jeung wangun anyar hasil serepan numutkeun palanggeran. Antukna, conto kecap-kecap asing di luhur ditulis dina wangun nu “nyunda”:
Computer –> komputer –> ᮊᮧᮙ᮪ᮕᮥᮒᮨᮁ
HP –> hapé –> ᮠᮕᮦ
Facebook –> fésbuk –> ᮖᮦᮞ᮪ᮘᮥᮊ᮪
Pilihan katilu:
Kecap-kecap asing teu dirobah saeutik-saeutik acan, diserep basa jeung aksarana (latén) kalawan gembleng.
Conto ngalarapkeunna:
ᮞᮤ ᮅᮓᮤᮔ᮪ ᮙᮂ ᮊᮛᮨᮞᮨᮕ᮪ᮔ ᮒᮦᮂ milkshake ᮏᮩᮀ cola.
Si Udin mah karesepna téh milkshake jeung cola
Babandingan
Basa Jepang (nihon go) nyerep basa Inggris;
Computer jadi konpucha, ditulisna
iron jadi airon,
Hamburger jadi hanbaga,
Fried chiken jadi furaidochikun
Tétéla, basa Jepang ogé nyerep kecap asingna téh diluyukeun kana lafal jeung aksara nu nyampak pikeun nuliskeunana dina basa Jepang. Dina basa Jepang mah aya hiji tetekon pikeun maké aksara kana basa asing atawa serepan asing téh, nya éta kudu maké aksara katakana, sangkan ngabédakeun jeung basa Jepang asli nu ditulis ku aksara hiragana/kanji. Ari aksara Sunda?
Kapaluruh dina naskah buhun
Mugi kauninga, diserepna basa asing kana basa jeung aksara Sunda téh horéng geus ti jaman bihari mula. hal éta pisan nu kapanggih dina salah sahiji naskah lontar anu ditulis ku aksara Sunda, maké basa Arab jeung jawa Cirebon. Salah sahiji eusina nya éta bacaan sholat (Arab).
Tah, ieu mah ngan ukur sawangan, mangga upama aya nu teu panuju atawa kagungan ideu nu langkung luyu kana hal éjahan ieu aksara Sunda, mangga diantos pisan. Leupas tina wangun aksara nu mana baé (baku/kuna), aksara Sunda téh mangrupa salahsahiji lambang kareueus urang Sunda anu jembar budayana.