Bagian ka-8 – Pancaiyatna

Bagian kadalapan Sanghyang Sasana Maha Guru téh nerangkeun perkara pañcaiyatna. Pañcaiyatna téh hartina lima perkara anu kudu diperhatikeun enya-enya ku murid anu rék nyampurnakeun baktina kana darma. Ieu bagian dimimitian ku siloka. Éta siloka téh mangrupa parafraseu anu satuluyna dipedar dina eusina. Dina bagian ieu, urang hésé pikeun nangtukeun maksud kecap panca (lima), sabab dina pedaranana jumlah istilah Sansekerta anu diterangkeun maksudna téh ukur aya tilu. Tapi, dina pedaranna mah kapanggih aya lima laku lampah nu dipahing pisan pikeun nu ngarabdi kana hukum, di antarana:

  1. Ulah sohor némbongkeun banda milikna di hareupeun nu kolot atawa jalma réa.
  2. Henteu sura-seuri nalika ngahaturkeun sembah pangabakti,
  3. Henteu dahar jeung nginum hareupeun Sang Pandita (guru),
  4. Api lain nalika batur ménta tulung, jeung
  5. Henteu daék merhatikeun dirina sorangan ngeunaan hal nu mawa kahadéan pikeun dirina.

Jigana lima laku lampah nu ditataan di luhur nu kaasup kana pancaiyatna téh.

TEKS

Pañcaiyatna

Nihan sinangguh pañcaiyatna ngaranya. Ndih ya nihan silwakanya :

“Akwa badwa guru suci, amara lagawame,
hana pramadaswaté, na imah pari ri kita.”
/siloka 3/

Ka: akwa badwa ngaranya, tan dadi ikang sang séwaka darma. Mitwannakeun kwa ba(n)danya ning hareupeun sang matuha, mangka nguni di nu réya . (Am)ara lagaweg ngaranya, téka sumeuri sumarembah, hanteu ngeunah basa ñatu basa nginum, di hareupeun sang pandita. Ahana premadaswaté ngaran(ya), aya ta nu dipikeun ku sakalih , kesit tungi diturutan. Pituaheunnana, hanteu dék meunang /9v/ [minang] mitineungkeun manéh, deung hanteu dék ñ(i)yar na pirampéseunnana. Nihan sinangguh pañca-iyatna ngaranya.

TARJAMAHAN

Pañcaiyatna

Nya ieu nu disebut pancaiyatna (lima perkara nu kudu diperhatikeun) téh. Nya ieu silokana:

“Akwa badwa guru suci, amara lagawame,
hana pramadaswaté, na imah pari ri kita.”
/siloka 3/

Maksudna, akwa badwa téh, tacan sampurna jadi nu bakti kana hukum. Némbongkeun banda pakaya dirina hareupeun nu kolot, ogé hareupeun jalma réa. Amara lagaweg kasebutna, nyaéta arangah-éréngéh nalika ngahaturkeun sembah. Teu hadé ogé urang barang dahar barang inum, di hareupeun sang Pandita. Ahana Premadaswaté téh, aya nu dipikabutuh ku batur, urangna kalah gancang api lain. Paripolahna téh, teu maliré kaayaan dirina sorangan, jeung teu daék néangan perkara nu mawa kahadéan pikeun dirina. Nya ieu nu disebut pancaiyatna téh.

KABEUNGHARAN KECAP
  • pañcaiyatna (Skt) ‘lima perkara nu kudu diperhatikeun’
  • akwa badwa dibaca akwa banda ‘banda milikna’, tingali kwa III (Z: 552) jeung banda Skt bhāṇḍa ‘banda, pakaya’ (Z 103).
  • guru suci ‘guru anu suci, Sang Pandita’.
  • amara lagawame/amara lagaweg ‘nyempad ka nu luhung élmu’, dina kontéks ieu mah ka Pandita. Tina amarah ‘nangtang, nyempad’, jeung laghawa ‘kapinteran’.
  • pramadaswaté ‘talobéh ku laku lampahna sorangan’, tina pramāda (skt) ‘kagégéloan, mabok, talobéh’ (Z 842), jeung swatah ‘dirina pribadi, dirina sorangan’ (Z 1171)
  • imah ‘imah’ id. SdM
  • pari ‘paré’ id. JwK
  • mitwannakeun = mi- + ton + – aken ‘némbongkeun, ningalikeun’ id. JwK, band SdM mintonkeun.
  • matuha ‘kolot’, kecap sandang sang digunakeun pikeun ngahormat, band. SdM mitoha.
  • sumeuri = seuri ‘sura-seuri, arangah-éréngéh’, rarangkén tengah –um- dina kecap seuri geus teu digunakeun dina SdM.
  • sumarembah ‘ngahaturkeun sembah’. Tina sembah + -ar- + -um-
  • dipikeun ‘dituju’ ? atawa dibaca dibikeun?
  • kesit ‘gancang’, dina SdM ngandung konotasi positif sarua jeung ‘tangginas’ (D 346), band Mal gesit.
  • tungi ‘(parangi) haseum budi, api lain’ id. SdM. (D 716). Teu kapaluruh dina JwK.
  • pituaheunnana ‘laku lampahna’
  • mitineungkeun manéh ‘mikirkeun diri sorangan’
  • pirampéseunnana ‘perkara nu mawa kahadéan’

Aditia Gunawan
dimuat dina Majalah Cupumanik Bulan Desember 2010

Updated: 10 Februari 2011 — 11:26

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *