Kecap Pangantét di dina Basa Sunda Kuna

| Dimuat dina Manglé No. 2826 |

Panalungtikan kabasaan Sunda Kuna téh salila ieu leuwih diteueulkeun kana pasualan kandaga kecap atawa wangun morfologisna. Sok sanajan ulikan kana aspék-aspék éta kacida pentingna, tapi di sagédéngeun éta téh karasa pisan perluna panalungtikan kana kecap-kecap pancén atawa partikel-partikel, nu kawas teu pira, tapi gedé pangaruhna pikeun ngama’naan kalimah sacara gembleng. Sanggeus ngabahas artikel nadina Manglé sawatara bulan katukang, dina ieu pedaran téh baris dibahas ngeunaan kecap pangantét di anu kacida pentingna dina konstruksi kalimah Sunda Kuna, ngan hanjakalna tacan kungsi kabahas sacara gemet, anu pamustunganana, teu pati kapaliré ku para panyarungsum téks-téks Sunda Kuna.

Sakumaha dina basa Sunda Kiwari, dina basa Sunda Kuna ogé aya kecap pangantét di, nu fungsina minangka kecap pangantét nu nuduhkeun tempat atawa waktu (lokatif jeung témporal). Ku sabab nyampak dina basa Kiwari, nya ieu harti nu mindeng dilarapkeun ku para filolog dina nyurahan téks-téks Sunda Kuna téh, sok sanajan saenyana aya fungsi séjén anu sarua pentingna dipikaweruh ku sing sakur nu nyanghareupan bahan-bahan dina basa Sunda Kuna. Saenyana préposisi di dina basa Sunda Kuna mibanda fungsi nu leuwih lega batan dina basa Sunda Kiwari. Ieu kecap bisa dipapandékeun jeung kecap ri/i/iri dina basa Jawa Kuna (ilikan Zoetmulder 1992, Bahasa Parwa II).

Dina basa Sunda Kuna, fungsi di nu kahiji mémang sarua jeung dina basa Sunda Kiwari, nyaéta kecap pangantét nu nuduhkeun tempat atawa waktu (lokatif atawa temporal ceuk Hardjadibrata 1985 mah). Ieu mah prah pisan nyampakna dina rupaning téks. Di dieu mah rék diasongkeun dua baé, nomor (1) keur nuduhkeun tempat (lokatif), nomor (2) nu nuduhkeun waktu (témporal).

  1. Ulah ngising di pinggir jalan, di sisi imah di tungtung caangna. (Siksa Kandang Karesian)

‘Ulah ngising di sisi jalan, di pipir imah palebah juru nu caangna’.

  1. Tanem di buda hireng di tengah dalem. (Warugan Lemah)

‘Pelak dina poé Rebo Wagé di tengah padaleman’.

Fungsi di nu kadua nyaéta nuduhkeun arah tujuan, saperti ka dina basa Sunda Kiwari. Dina prasasti Kabantenan kaunggel:

  1. Ini piteket nu séba di Pajajaran, miteketan ti kabuyutan di Sundasembawa.

‘Ieu piagem anu bakti ka Pajajaran, ngaluarkeun piagem ti kabuyutan Sundasembawa’.

Kontéks ieu kalimah téh mangrupa jawaban ti urang kabuyutan Sundasembawa kana paréntah raja Sri Baduga, sarta ngaluarkeun ieu piagem ti éta kabuyutan. Tegesna, nu ngaluarkeun piagem ieu lain keur di Pajajaran, sabab écés dina kalimah satuluyna.

Contona nu séjén dicutat tina Siksa Kandang Karesian:

  1. Anak bakti di bapa, é bakti di laki. (Siksa Kandang Karesian)

‘Anak bakti ka bapa, pamajikan bakti ka salaki’.

  1. Sembahning hulun, di sang hyang pancatatagata (Siksa Kandang Karesian)

‘Sembah sim abdi ka Sang Hyang Pancatatagata (Buddha)’.

Nilik conto-conto di luhur, katémbong yén kecap pangantét di ogé mibanda fungsi tujuan (diréktif). Ieu hal sarua jeung fungsi ri dina basa Jawa Kuna. Upamana dina kalimah:

  1. Kinon ta sira mangajya ri dang hyang Kṛpa mangabhyāsa ri sang hyang weda

‘Manéhna dititah guguru ka Danghyang Krepa pikeun diajar kitab Wéda’ (Adiparwa).

Fungsi di nu katilu nyaéta fungsi déskriptif ‘ngeunaan, perkara, patali jeung’, contona:

  1. Aya ma nu satiya di guna di kahulunan, éta kéh na turutaneun. (Siksa Kandang Karesian)

‘Lamun aya nu satia kana pagawéan nu patali jeung karakyatan, éta nu kudu diturutan’.

Dina basa Sunda Kiwari gé saenyana ma’na saperti kieu téh nyampak, upamana dina ungkara “manéhna mah teu nyaho di kasopanan”, maksudna manéhna teu apal perkara kasopanan. Aya deui contona dina basa Sunda Kuna:

  1. Lamun hayangnyaho di talaga hérang banyu atis ma, hangsa tanya.(Siksa Kandang Karesian)

‘Lamun hayang nyaho ngeunaan talaga wening nu caina nyecep tiis mah, tanyakeun ka soang!’.

Dina basa Jawa Kuna ogé kapanggih deuih kecap pangantét ri anu mibanda fungsi déskriptif:

  1. Mĕsat tang Taksaka muwah mareng pātāla, hinuwusan irikang yajña. (Adiparwa)

‘Taksaka mesat ngapung deui ka awang-awang. Perkara kurban, éta geus lekasan’.

Fungsi di nu kaopat, nu mindeng ogé katémbong tapi mindeng dilalaworakeun, nyaéta keur nandaan objék, nu ilaharna dipiheulaan ku kecap pagawéan transitif (ciri-cirina di antarana kecap pagawéan nu dirarangkénan tukang –keun). Dina kasus-kasus modél kieu, kecap pangantét di henteu merenah mun ditarjamahkeun. Contona:

  1. Pakeun ngretakeun di bumi lamba, di bumi parek ‘pikeun ngaraharjakeun dunya nu hiji, dunya nu deukeut’ (maksudna dunya nu dicicingan ku manusa).

Wangun kalimah nomor 9 téh taya bédana jeung nomor 10 di handap, nu teu diwuwuhan ku kecap pangantét di:

  1. Bayu sabda hedap nu purah ngampihkeun na bumi, ngretakeun buwana. (Wiwit Jati Pandita)

‘Rénghap, ucap, jeung pikiran nu purah ngaraksa bumi, ngaraharjakeun dunya’.

Conto séjén di nu nandaan objék ogé nyampak dina kalimah:

  1. Mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di déwata, disuruh neguhkeun di sarira, matitiskeun bayu sabda hdap. (Siksa Kandang Karesian)

‘Mangkubumi bakti ka raja, raja bakti ka dewata, [maranehanana] dititah nanjeurkeun awak/dirina, nganteurkeun nafas, sora, jeung pikiran ka tujuan nu samistina’.

  1. Meuntasing di Cihaliwung. (Bujangga Manik)

‘Aing meuntas Cihaliwung’.

Sajaba ti kalimah salancar téh, kapanggih ogé dina kalimah paréntah deuih:

  1. Mulah pakeudeu-keudeu, asing rampés, cara purih, turutan, mulah keudeu di tineung di manéh.(Amanat Galunggung)

‘Ulah pakeukeuh-keukeuh, sing saha jalma nu hadé, sakumaha mistina, turutan, ulah heuras pikiran urang téh’.

Pamungkas, nu teu merenah ditarjamahkeun téh kecap pangantét di nu perenahna hareupeun pronominal (milik/possesif) deuih, kayaning manéh atawa urang. Contona:

  1. Sya sangwata lima, pahi ngawakan ngaran di maneh, pahi mireungeuh rua di manéh. (Siksa Kandang Karesian)

‘Aranjeuna téh déwa anu lima, kabéh ngawujud jadi jisimna sorangan, kabéh nénjo rarayna sorangan.’ (maksudna: lima déwa ngajirim nepi ka katémbong wujudna).

  1. Ja ngarasa manéh aya di imah di manéh ‘Sabab ngarasa manéh aya di imahna sorangan’. (Siksa Kandang Karesian)

Conto nu ngandung kecap gaganti urang:

  1. Lamun nurut sang hyang siksa, kapahayu rasana di urang. (Siksa Kandang Karesian)

‘Lamun ngagugu kana ajaran suci, haté urang bakal kapiara kalawan hadé’.

Tina pedaran di luhur, tétéla yén kecap pangantét di téh leuwih lega ambahan ma’nana. Ku kituna, para filolog anu nyanghareupan téks-téks basa Sunda Kuna kudu ati-ati lebah nyurahan ieu kecap.

Pun. Leuwih luangan, kurang wuwuhan.

Nu nulis, filolog naskah di Perpustakaan Nasional.

Updated: 6 April 2021 — 14:17

1 Comment

Add a Comment
  1. Hatur nuhun artikel na!

Tinggalkan Balasan ke Dhea Batalkan balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *