Istilah TRITANGTU kawasna geus jadi kacapangan dina diskusi ngeunaan sistem kakawasaan di Sunda mangsa bihari, malah ieu konsép dipercaya aya tapakna di Kanékés. Dina ieu postingan simkuring rék masualkeun deui istilah tritangtu, bari sanduk-sanduk ka para sesepuh nu tos maos naskah Siksa Kandang Karesian, mugia para almarhum dipaparin rahmat ti Allah SWT.
Maluruh ieu istilah téh kudu dimimitian ti Siksa Kandang Karəsian, da sakaterang, ieu istilah ngan disebut sacara eksplisit dina ieu téks. Harita ulikan kana ieu naskah téh ngan dumasar kana naskah tunggal, nu kawentar ku istilah koropak 630 téa. Bahanna tina daun gebang. Kadieunakeun, tétéla aya naskah séjén dina kropak 624 nu ngandung eusi téks nu sarua. Nu ieu mah bahanna lontar, geus diulik ku sadérék Ilham Nurwansah.
Ayeuna urang mariksa ieu dua naskah. Dina naskah kropak 630, saéstuna nu nyalin ngéjah ieu istilah téh TRITANTU, kituna téh bari konsistén deuih. Dina tilu kali istilah ieu ditulis, sakabéhna diéjah TRITANTU (ilikan gambar naskah nu ditulis ku mangsi maké aksara Buda). Jadi, teu pati écés naon pangna Pa Atja sareng Pa Saléh Danasasmita maca TRITANGTU. Naha ieu téh salah maca, atawa pangropéa éditor. Ilaharna, upama hasil éditor mah bacaan asli dina naskah sok dicantumkeun dina catetan, hanjakalna dina édisi henteu tétéla.
ini tritantu di bumi
ya tritantu di bumi
nya mana tritantu paneguhning bhwana
Naskah nu kadua, kropak 624, sigana leuwih ngora (nilik réana salah salin), ditulis ku aksara Sunda Kuno dina daun lontar, ngéjahna téh TRITANGTU (dua kali salah salin TRATANGTU). Cindekna, dua urang nu nyalin boga cara nu béda dina ngedalkeun ieu kecap, dina téks nu sarua!
tratangtu di nu rye nga(ra)nya
ya tratangtu di bumi
nya mana tratangtu paneguhning bwana
Jadi mana nu bener? Tah, bawirasa duanana gé henteu salah. Sok sanajan kitu, urang jadi apal yén kecap nu pangheulana mah tangtuna TANTU, nu bisa dirujuk tina kecap Sansekerta, hartina ‘benang, tali’. Dina Jawa Kuno hartina téh ‘benang, tali, gurat, tatali nu nyambungkeun kalumangsungan, carita/eusi carita’. Ieu kecap mindeng kapanggih dina teks-teks Kawi ogé, malah apan hiji kitab kahot nu judulna Tantu Panggǝlaran ku profésor Robson ditarjamahkeun jadi “The Threads of Unfolding Web” (kurang leuwih hartina: benang dina ramat nu ngarancabang), nu ngagambarkeun pola jaringan kalangan mandala (agamawan) di Jawa.
Bisa waé tangtu Sunda jeung tantu Jawa téh béda atuh, Mang! Meureun kitu ceuk Sunda garis keras mah. Tapi ké heula, kecap TRITANTU ieu téh mimiti muncul lain dina Siksa Kandang Karəsian, tapi dina kitab nu maké basa Jawa Kuno, Saṅ Hyaṅ Hayu, nu ditulis leuwih ti heula batan Siksa Kandang (buktina, naskah pangheubeulna ditulis 1357 śaka, ari SKK 1440 śaka). Naskah Saṅ Hyaṅ Hayu téh ahéng pisan. Naskahna basa Jawa Kuno, tapi ngan kapanggih laratanana di Sunda, malah ngaleuya pisan, aya 13 naskah sakabéhna ditulis dina daun gebang turta asalna ti wewengkon Sunda.
Kieu cenah dina Saṅ Hyaṅ Hayu téh:
ndatan kami juga maṅucap tiga, pada sira mpu kabeh maṅucap tiga, ndya lvirnikaṅ tiga vinuvusnira, nyaṅ brahmā, viṣṇu, iśvāra, tiga atika liṅ saṅ vaneh, nihan taṅ buddhi, guṇa, pradhāna, triyantahkaraṇa ṅaranya, tiga atika liṅ saṅ vaneh, nihan taṅ prabhu, rāma, ṛṣi, sinaṅgah tritantu.
“Lain wungkul kami (=Aing) nu ngomongkeun perkara ‘nu tilu’ téh, kabéh empu pada-pada ngomongkeun perkara ‘nu tilu’. Naon wangun nu tilu nu ditétélakeun ku maranéhna? Nyaéta Brahma, Wisnu, Iswara. Nu tilu deui, cék omongan nu séjén, nyaéta Buddhi, Guṇa, Pradhāna, disebutna Tilu Poténsi Jero (tryantahkaraṇa). Nu tilu deui, cék omongan nu séjén, nyaéta Prabhu, Rāma, Ṛṣi, disebut TRITANTU.”
Tétéla, Saṅ Hyaṅ Hayu téh minangka téks nu pangheulana nyebut TRITANTU (iwal jaga kapanggih deui téks nu leuwih kolot). Sok sanajan kitu, saenyana dina téks-téks basa Jawa Kuno (Kawi), konsép tilu manusa istiméwa, nyaéta séri prabu-rama-rəsi- ieu téh nyampak dina sababaraha téks, sok sanajan teu disebut TRITANTU. Urang tataan baé: nu téksna ti Jawa kayaning Candrakirana (copélna abad ka-12), Koravāśrama (kurang leuwih abad ka-15/16), jeung sababaraha téks padika (Śāsana) ti Bali kayaning Mantriśāsana, Ṛṣiśāsana, Śāsana Saṅ Paṇḍita, jeung Blahaniṅ Astadaśa Vyavahāra.
Sigana ieu konsép manusa nu tilu, sok sanajan dipikawanoh di sakuliah Jawa jeung Bali minangka tilu sosok nu kalintang pentingna dina hirup kumbuh, tapi leuwih mekar konsépna tur dipiara di wewengkon tatar Sunda, dibeungkeut ku istilah Tritantu atawa dianggap Tritangtu ku sawatara urang deui. Upama kieu mah, tangtu kecap “TRITANGTU” téh, upama rék dianggap ieu istilah “Sunda”, kudu dibalikkeun kana ma’na TRITANTU nu tétéla jadi karuhun langsung ieu kecap. Jadi naon atuh TRITANTU/TRITANGTU téh? Tah ieu mah perlu dipedar bari gemet. Utamana nilik interpretasi sacara historis.
Pun, leuwih luangan kurang wuwuhan.